MANTRA SUKABUMI - Inilah contoh teks sungkeman perpisahan sekolah SD SMP SMA dalam Bahasa Sunda.
Teks sungkeman perpisahan bisa jadi referensi untuk siswa ke guru SD SMP dan SMA dalam Bahasa Sunda.
Teks sungkeman Bahasa Sunda biasanya membuat siswa dan guru terharu hingga bercucuran air mata.
Dirangkum mantrasukabumi.com dari berbagai sumber pada Kamis, 1 Juni 2023 inilah contoh teks sungkeman Bahasa Sunda perpisahan sekolah.
Ka dulur-dulur anu sami rawuh,
baraya anu sami lenggah,
sim kuring sateuacan ngiring jabung kumalaku, lumampah cumarita seja wakca balaka.
wiréh simkuring sanés pujangga
anu ahli ngaréka basa,
sanés sastrawan anu ahli dina ngaraéh caritaan. Kumargi kitu paralun maklum anu kasuhun,
hampura anu diteda, boh bilih dina ngadadar ieu acara kirang nyorang kana kakedahannana.
Ka para ahli ngukir sya’ir,
pujangga ahli sastra mugia ulah haru ulah ganggu, sawios sim kuring neda widi paralun maklum sakedapan hoyong dikoréksi, diropéa, ogé dioméan manawi tiasa nyampurnakeun kana curat-corét sim kuring.
Bismillahirrohmanirrohim.
Kalayan nyebat Asma Pangéran, Dzat anu Mahawelas tur Mahaasih. Seja kaula ngawitan mituturan para siswa anu kiwari bade nagntunkeun ie sakola
Mangga ka para siswa, geura lumampah nyaketan kana panggung
Kasép, Geulis.
bapak ibu nu saestu
ieu abdi siswa siswi ibu sareng bapak seja nyanggakeun sungkem pangbaktos tawisna hormat tilawat ka ibu miwah ka bapak
mugi kersa nampi ieu abdi nu ageung karuamosan
rumaos seueur kalepatan salami nampi atikan
karaos kanyaah guru, dina waktos ngawulang elmu panemu
ti bapa miwah ti ibu
bapa,........ibu................,
dinten ieu abdi sumanggem
dipayuneun bapa sareng ibu
mung seg manah tiasa di buka
nyaksian lambey nyarios,
asa sesah abdi ngantunkeun
asa sesah kanggo ngalengkah
abot kusono, abot kunyaahna
abot ku kadeueuh, netesken,katresna,
ngatik ... ngadidik,,tanwangen sanes kanten
bapa, ibu,abdi sadaya ngaraos yakin
kaheman bapa kalih ibu wening ku asih
sareng keubeuk ku kanyaah, anu taya higgana
bapa, ibu.............
abdi hampura,
tikawit kelas hiji digi ka ayeuna lulus
ges pasti seueur ngarepotkenun k bapa
Baca Juga: Teks Sungkeman Perpisahan SD, SMP dan SMA SMK Terbaru Tahun 2023, Yakin Bikin Haru Penonton
loba pisan ngeselkeun ka ibu
mereun handeueul manah bapa,
boa hanjelu manah ibu
ku abdi sadayana ka tampi
kiwari abdi pasrah pa, abdi rido bu
abdi ikhlas diomelan ayeuna,
abdi rela di cacapak poe ie
kajengkel, kageuleuh,
ka keuheul bapa jeng ibu heg tibakeun ka abdi
nyanggakeun sadaya-daya, abdi pasrah….
hampura pa,hampura bu, hampura ka sadayana, Cuma ini yang bisa kami lakukan bapak
Cuma segini kemampuan kami ibu
Kami ingin yang terbaik
Tapi kami tak panday berbuat banyak
Hari ini saya memohon, saat ini kami meminta
Peluk kami pak, peluk kami bu
Do’akan kami bapak, do’akan kami ibu
Wilujeng paturay bapak, wilujeng kantun ibu
ya allah.....pangeran abdi sadaya
mung du’a ti bapa kalih ibu
hirup kumbuh di dunya sing rawuh walatra
amin ...ya ..allah ya...roball alahin
anaking murid bapak jeung ibu
katampi sungkem hormat hidep kasep, geulis
tong melang tong salempang
sadaya lepat hidep tos lubar cupar dihampura
ku ibu miwah kubapak
jung nangtung kamanggung
mugia apanjang apunjung
geura teuleuman elmu panemu
sing kapanggih mutiara bagja
ngajul bentang lain kuasiwung
tapi ku elmu anu linuhung
kiwari nitih wanci nu mustari,
ayeuna datang mangsana
geus tamat lalakon hidep
nyiar elmu di ie sakola
bral, geura miang kasep, geulis
mugi laksana sagala cita-cita………….
Itulah contoh teks sungkeman perpisahan sekolah yang mengharukan bisa jadi referensi.***