Kumpulan Ucapan Mohon Maaf Lahir Batin Idul Fitri 2022 yang Menyayat Hati dalam Bahasa Sunda

- 26 April 2022, 14:20 WIB
Kumpulan ucapan mohon maaf lahir batin Idul Fitri 2022 yang bisa Anda gunakan di momen hari kemenangan Hari Raya Idul Fitri 1443 H
Kumpulan ucapan mohon maaf lahir batin Idul Fitri 2022 yang bisa Anda gunakan di momen hari kemenangan Hari Raya Idul Fitri 1443 H /Pixabay.com/Gordon Johnson

13. Bilih aya tutur saur kaukur, reka basa nu pasalia, laku lampah nu teu merenah, wilujeng boboran Siam neda sih hapunten tina samudaya kalepatan lahir sinareng batin.

14. Niti wanci nu mustari ninggang mangsa nu utama, nyucikeun panyakit ati, balik diri kanu suci hapunten samudaya kalepatan lahir sinareng batin. Wilujeng boboran Siam.

15. Wilujeng mayunan sasih Syawal (idul Fitri), Bilih aya langkung saur bahe carek, kaciwit kulit kabawa daging, tunggul dirurut catang dirumpak, nyungkelit ati teu geunah manah. Mundut pangampura.

16. Jatidiri nu suci rasajiwa anu tanpa noda, mugia sing ngajadi disarengan ku imantaqwa nu antukna nunda kanyaah nyimpen kadeudeuh silih hampura kapapada jalma. Panuhun sihapunten sadaya. Wilujeng sasih lebaran, Taqabbalallaahu minnaa wa minkum taqabbal yaa kariim, wa ja’alanaallaahu wa iyyaakum minal ‘aaidin wal faaiziin wal maqbuulin kullu ‘ammin wa antum bi khair.

Baca Juga: Ucapan Selamat Menyambut Nuzulul Quran, Peringati Malam 17 Ramadhan 1443 H Menyentuh Hati dan Penuh Makna

17. Ngeunteung na raga katineung, nyaliksik diri ngarampa dada bari reureuh milang dosa, breh bula pangharepan geus lekasa poe fitri nembongan. Neda sihapunten.

18. Wilujeng boboran Siam 1443 H. Minal Aidin wal faizin. Mugi barokah Ramadhan nuyun lakuning lampah urang dina enggoning nyorang sawelas sasih anu bakal karandapan.

19. Wilujeng sasih boboran. Neda dihapunten samudaya kalepatan, nu dihaja sinareng henteu dihaja. Mugia ibadah urang salawasna aya dina kamulyaan. Aamiin ya Rabbal'alamiin. Taqabballohu minna wa minkum.

20. Mipit amit seja nurih kapeurih ati, malah mandar lubar akar-akar angkara nu satungkebing rasa. Ngala menta galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut manah. Minnal aidzin wal Faidzin

Demikianlah itulah kumpulan ucapan mohon maaf lahir batin Idul Fitri 2022 dalam bahasa Sunda. Semoga bermamfaat.***

Halaman:

Editor: Neng Siti Kulsum Ayunengsih


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah