Contoh Teks Sungkeman Perpisahan Sekolah Bahasa Sunda, Bikin Bercucuran Air Mata

- 17 Juni 2022, 18:50 WIB
Contoh teks sungkeman perpisahan dalam Bahasa Sunda yang mengharukan, cocok dibacakan saat perayaan perpisahan kelas
Contoh teks sungkeman perpisahan dalam Bahasa Sunda yang mengharukan, cocok dibacakan saat perayaan perpisahan kelas /*/mantrasukabumi.com/Pixabay/tobbo / 16 images

Bapa ! Ibu !
Abdi ngangres lebeting ati
Kageuingkeun anginna ririh
Ngorejat Emut ka wiwitan
Abdi sadar
Yen hate abdi sanes tina hoe
Kalbu abdi sanes tina batu
Kabetrik ati katinggang mamaras rasa
Ku kaweningan galih Ibu sareng Bapa

Abdi Yakin,
Ibu kalih bapa saparakanca
Ngatik sareng ngadidik abdi sadaya
Pinuh ku kawening galih, limpas ku kanyaah nu nyata
Leubeut ku kadeudeuh anu terus maneuh,
Karaos karaos pisan ayeuna mah,
Panggetrik Ibu, panggitik bapa, estu wungkul pangdidik
Nuyun abdi sadaya kana jalan nu rahayu
Ayeuna ngembang boled, pertela
Kapetik hasilna, kaala buahna
Putra nampi kana takdirna papasten Gusti Yang Widi
Namung, parandena kitu
Luntur kalbu nu kaasuh, jembar manah nu diteda
Putra neda dihapunten tina samudayaning kaleupatan
Putra rumaos sering ngajaheutkeun manah ibu kalih bapa
Putra sadar, sering ngajantenkeun bapa miwah ibu bendu.

Baca Juga: 18 Ucapan Terimakasih Untuk Guru yang Menyentuh Hati Cocok Disampaikan pada Acara Perpisahan Sekolah

Ibu ! Bapa!
Tinangtos bagjana iyeu hate
Saupami ibu miwah bapa sadayana
Tiasa ngahapunten ka wayah putra
Sareng dina danget iyeu
Putra neda pamit
Seja ngungsi udagan anu teu acan ka sorang
Seja ngabeudag kalangkang anyar
Kaberkahan sinareng kawaluyaan,
Aya dina kawening galih sareng pangduana ibu miwah bapaa

(Panganten nyuuh ka pupuhu ..... "Isi nama Sekolah")

Anaking jimat awaking
Disaksi langit nu caang
Lir caangna hate Bapa, bungah anu tanpa tanding
Nyaksian hidep manjing sawawa
Bapa kalih Ibu guru sadaya, bungah tan wangenan

Hidep tineukanan, lawas mawa kameunangan
Lalayang geus jagrag baris marengan
Pikeun ciri hidep ngageum pangarti
Sawangsulna
Ibu ngangres ku bisi rempan ku sugan
Henteu bisa neudunan kawajiban
Ngatik hidep henteu tepi ka udagan

Baca Juga: Puisi Perpisahan Guru Terbaru 2022 untuk Pelepasan Siswa Tingkat Akhir SD, SMP dan SMA

Deudeuh anaking geuning teu nyana
Anjeun inajen dina galura rasa
Nembongkeun hidep manjing sawawa
Yen hidep bakal bisa mulang tarima ku kaluhungan
Ibu, Bapa, ngarasa regreg ngajurung hidep luma
Bral Mangka iatna, kade lali ka temah wadi
Pikeun ciri hideng lekasan di padepokan.... (Isi nama Sekolah)
Mangka prak, jung geura nangtung,
Geura ngadeg anu ajeg

Geura tampa ieu lalayang
Ciri nu bukti hidep ngagem pangarti
Bismillah lahaola walaquata Illa Billah.
Brul Bral Mangka waluya salawasna.

(Sadayana murid kelas 6 sungkem ka KS & guru-guru bari menta jiad pangduána)

Halaman:

Editor: Neng Siti Kulsum Ayunengsih


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah