Contoh Pidato Kemerdekaan Bahasa Sunda untuk Peringati HUT RI ke 77, Bisa Jadi Referensi Tugas Sekolah

2 Agustus 2022, 15:20 WIB
2 Contoh Naskah pidato Hari Kemerdekaan Singkat, Menggugah dan Mudah Dihafal / Media Blitar/ Ayu Eviana

MANTRA SUKABUMI - Simak berikut ini adalah contoh pidato dalam bahasa Sunda untuk Hari Kemerdekaan 17 Agustus HUT RI ke 77.

Pidato kemerdekaan berikut adalah salah satu bentuk orasi semangat dalam mengenang kemerdekaan dari penjajahan.

Pidato berikut bisa menjadi referensi untuk mengerjakan tugas sekolah, tentu perlu persiapan untuk menentukan tujuan dan topik. Sehingga bisa menguasai materi yang dibawakan secara baik.

Baca Juga: Contoh Pidato Bahasa Sunda Hari Kemerdekaan 17 Agustus HUT RI ke 77, Bisa untuk Tugas Sekolah

Dilansir mantrasukabumi.com dari YouTube Atang Yusnandi berikut pidato bahasa sunda hari Kemerdekaan 17 Agustus 2022 HUT RI ke 77 bisa untuk tugas sekolah,

Biantara “Mieling Kamerdekaan Indonesia”

Bismilaahirrohmanir rohim,

Assalaamualaikum wr. wb..

Hadirin anu kusimkuring dipikahormat, sateuacanna hayu urang panjatkeun puji sareng syukur ka gusti Allah SWT. Anu atos maparinkeun rahmatna ka urang sadaya dugi ka tiasa kumpul ditempat ieu. 

Henteu hilap, shalawat sarta salam urang curahkeun ka Nabi Muhammad SAW, kulawargana, sahabtna, sareng umatna nepi ka akhir zaman.

Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun nuhun ka pihak panitia anu parantos masihan waktos kanggo sasanggem dina acara peringatan hari kemerdekaan republik indonesia anu ka 77 ieu.

Bapa Kapala Sakola, miwah Bapa sareng Ibu Guru, Kitu deui sakumna rerencangan sakola sadaya anu ku simkuring dipikadeudeuh, Dinten ieu, dina raraga paturay tineung Alhamdulillah, urang tiasa patepang dina rarangka meling patepang taun kamerdekaan nagara urang anu ka 77.

Baca Juga: Contoh Pidato Kemerdekaan HUT RI ke 77 pada 17 Agustus 2022, Singkat dan Mudah Dihafal untuk Tingkat SD SMP

Peryogi ka uninga, seueur pisan pengorbanan anu tos di pasrahkeun ku para pejuang urang kapungkur dina melaan kamerdekaan nagara indonesia. 

Ku kituna urang, salaku generasi muda penerus bangsa tos sakeudahna neruskeun perjuangan para pahlawan urang, ku jalan diajar anu giat ngawujudkeun cita-cita pikeun ngajadikeun kahirupan bangsa indonesia anu lewih hade ajang kahareupna.

Sajabina ti eta, seueur keneh hal-hal anu tiasa ku urang lakukeun dina rangka mengisi kemerdekaan ieu. Sapertos, ngajauhan diri tina pangaruh narkoba, jauhan pergaulan bebas, ngahindarkeun tauran, sarta seeur anu sanesna.

Intina, urang sami-sami hayu babarengan ngeusian kamerdekaan iyeu ku hal-hal anu positif sarta mangfaat pikeun diri urang.

Rupina mung sakitu anu tiasa kapihatur ti sim kuring, Hapunten anu kasuhun, saupami dina biantara ieu aya pisanggem anu kirang merenah.

Wassalamualaikum Wr. Wb.***

Editor: Robi Maulana

Tags

Terkini

Terpopuler