20 Kunci Jawaban Soal UAS Ganjil Bahasa Sunda Kelas 7 SMP MTs K13 TA 2021, Simak Pembahasan Selengkapnya

14 Desember 2021, 19:00 WIB
20 Kunci Jawaban Soal UAS Ganjil Bahasa Sunda Kelas 7 SMP MTs K13 TA 2021, Simak Pembahasan Selengkapnya /Pixabay

MANTRA SUKABUMI - Dibawah ini terdapat 20 soal PAS (Penilaian Akhir Semester) pelajaran Bahasa Sunda yang sudah dilengkapi dengan kunci jawaban.

Materi soal dan kunci jawaban Bahasa Sunda ini khusus untuk kelas 7 SMP MTs sederajat.

Referensi soal dan kunci jawaban ini bisa dijadikan bahan latihan sebelum melaksanakan UAS ganjil tahun 2021.

Baca Juga: Kumpulan Latihan Soal UAS PAS Bahasa Sunda Kelas 9 SMP MTs Beserta Kunci Jawaban Tahun Pelajaran 2021-2022

Soal ini sudah mengacu pada kurikulum 2013 revisi terbaru.

Yuk simak pembahasan selengkapnya dalam ulasan di bawah ini.

Dilansir mantrasukabumi.com dari buku.kemdikbud.go.id kelas 7 SMP MTs Kurikulum 2013 Tahun Ajaran 2021-2022 berikut pembahasan PAS UAS Bahasa SUnda dan kunci jawaban.

Baca biografi di handap! Pikeun no 1 - 4
Mang Koko, keur kolot jeung budak urang Sunda tangtos geus teu bireuk deui, kawéntar kamana-mana kakoncara ka mancanagara. Kasohor mah Mang Koko. Kolot budak ngerebut Mang Koko. Kakasih aslina mah Haji Koko Koswara. Dilahirkeun di Indihiang, Tasikmalaya, tanggal 10 April 1917. Pupus di Bandung tanggal 4 Oktober 1985. Nami ramana Ibrahim alias Sumarta, masih kokocoran ti Hasanudin Sultan Banten, ngagaduhan putra 8 urang. Pendidikan HIS (1932), MULO Pasundan (1935), taat sareng patuh kana agama (Islam) nu diulik ti bubudak.

Padamelan ti taun 1937 tug ka pupusna taun 1985 nyaéta ngawitan di Balé pamulangan Pasundan, Paguyuban Pasundan, De Javasche Bank, Harian Cahaya (Cahaya Sinbun), Harian Suara Merdéka, Jawatan Penerangan Prop. Jabar, Guru nu salajengna janten Direktur Konservatori Karawitan Sunda Bandung(1961 – 1973), Dosén Luar Biasa di Asti Bandung.

1. Jalma anu jadi biografi di luhur nyaéta...
A. Hasanudin Sultan Banten
B. Haji Koko Koswara
C. Direktur Konservatori
D. Cahaya Sinbun

Jawaban: B

2. Pokok pikiran utama alinéa kahiji nyaéta...
A. Mang Koko, keur kolot jeung budak urang Sunda tangtos geus teu bireuk deui, kawéntar kamana-mana kakoncara ka mancanagara
B. Kasohor mah Mang Koko
C. Taat sareng patuh kana agama (Islam) nu diulik ti bubudak
D. Kakasih aslina mah Haji Koko Koswara

Jawaban: B
3. Pokok pikiran utama alinéa kadua nyaéta...
A. Padamelan ti taun 1937 tug ka pupusna taun 1985 nyaéta ngawitan di Balé pamulangan Pasundan
B. Guru nu salajengna janten Direktur Konservatori Karawitan Sunda Bandung(1961 – 1973)
C. De Javasche Bank, Harian Cahaya (Cahaya Sinbun)
D. Dosén Luar Biasa di Asti Bandung

Jawaban: A

4. Kalimah anu aya patalina jeung wacana di luhur nyaéta...
A. Mang Koko dilahirkeun di Indihiang, Tasikmalaya, tanggal 10 April 1917
B. Pupus di Bandung tanggal 14 Oktober 1985
C. Nami ramana Hasanudin Sultan Banten
D. Dosén Luar Biasa di Asti Bandung Karawitan Sunda Bandung (1961 – 1973)

Jawaban: A

5. Vokal mandiri dina aksara Sunda jumlahna nyaéta...
A. Lima
B. Tujuh
C. Genep
D. Dalapan

Jawaban: B

Baca Juga: Kunci Jawaban Soal UAS PAS Bahasa Sunda Biantara Kelas 9 SMP MTs Semester 1 Tahun 2021

6. Kecap nyléngcé diwangun ku sabaraha konsonan...
A. Opat
B. Genep
C. Lima
D. Dalapan

Jawaban: B

7. Nurutkeun susunan basana, dongéng kaasup kana wangun...
A. Pantun
B. Puisi
C. Prosa
D. Sajak

Jawaban: C

8. Di handap ieu anu kaasup dongéng parabél nyaéta...
A. Si Kabayan ngala oray
B. Kuya jeung Monyet
C. Sangkuriang
D. Déwi Sri

Jawaban: A

9. Pesen nu hayang ditepikeun dina dongéng disebut...
A. Amanat
B. Téma
c. Galur
D. Tokoh

Jawaban: A

10. Émberan, wawaran, atawa pengumuman ngeunaan hal-hal penting anu perlu ditepikeun ku salah saurang ka balaréa, nyaéta...
A. Artikel
B. Béwara
C. Biografi
D. Carpon

Jawaban: B

11. Dina acara pangemut-ngemut Maulid Nabi, Sakola bade ngayakeun lomba busana muslim anu bade dilaksanakeun dina:
Poe: Sabtu
Tanggal: 26 Februari 2013
Tabuh: 08.00 – 12.00 WIB
Tempat: Mushola sakolah

Hatur nuhun kana perhatosanana
Kepala sakolah

Drs. Budi Suseno

Isi bewara di luhur nyaéta...
A. Lomba ngaji
B. Lomba busana muslim
C. Lomba pidato
D. Lomba cerdas cermat

Jawaban: B

Baca Juga: Prediksi dan Kunci Jawaban Soal UAS PAS Bahasa Sunda Kelas 10 SMA SMK Tahun 2021

12. Sakur anu kalakonan, karandapan, jeung kasaksian dina kahirupan sapopoé disebuT...
A. Amal ibadah
B. Pangalaman
C. Kebiasaan
D. Pangaweruh

Jawaban: B

13. Puguh waé kuring téh beuki keueung pas nyaho malem jumaah téh. Mana di imah sorangan, da Ibu jeung Bapa keur ka imah Uwa. Tapi mun kuring ngilu, meureun PR nu loba téh moal dikerjakeun.

Tema pangalaman nu diluhur nyaéta hal nu matak...
A. Pikabungaheun
B. Pikasediheun
C. Pikareuwaseun
D. Pikasieuneun

Jawaban: D

14. Nyieun karangan pangalaman mah teu bisa diwangwang atawa dipapantes, tapi kudu dumasar...
A. data ti babaturan atawa ti kolot anu loba pangalaman
B. data anu nyata, anu kungsi katempo atawa ka alaman
C. kanyataan di lapangan atawa anu karasa ku urang
D. naon wae anu dipikaresep ku urang atawa ku batur

Jawaban: C

15. Karangan anu nyaritakeun hiji kajadian kalayan runtut ti awal nepi ka ahir disebut karangan...
A. Arguméntasi
B. Narasi
C. Déskripsi
D. Pérsuasi

Jawaban: c

16. Sarat lumangsungna hiji paguneman kudu aya...jeung?
A. Nu nyarita
B. Nu ngaregepkeun
C. Nu nyarita jeung nu ngaregepkeun
D. Jalma jeung baturna

Jawaban: C

17. Paguneman kaasup kana komunikasi...
A. Isarat
B. Surat
C. Lisan
D. Tulisan

Jawaban:c

18. Perhatikeun bagian biografi di handap ieu:
1. lalakon perjoangan hirupna
2. naon tujuan hirupna
3. naon baé jasana
4. ngaran ninina
5. sabaraha loba kakayaanana

Hal-hal anu biasa dicaritakeun dina biografi nyaéta...
A. 1 – 2 – 3
C. 3 – 4 – 5
B. 2 – 3 – 4
D. 2 – 3 – 5

Jawaban: A

Baca Juga: 10 Contoh Soal PAS UAS Update Terbaru Bahasa Sunda Kelas 10 SMA SMK, Lengkap dengan Jawaban

Baca paguneman di handap pikeun no 19 - 20!
Mang Utas: “Lo… kadieu sakeudeung, urang ngopi heula!”
Si Alo: “Aéh… sugan téh saha, meni pangling ari diharudung sarung mah”
Mang Utas: “Puguh Lo, amang téh kabulusan, geus saminggu ieu di lembur urang Tasik mun peuting dugi ka isuk-isuk karasa nyecep tiis, amang mah asa di Palutungan Kuningan Lo.

19. Lamun ditilik tina jumlahna, anu keur paguneman téh aya...
A. Saurang
B. Tiluan
C. Duaan
D. Opatan

Jawaban: D

20. Jejer paguneman di luhur nyaéta...
A. Ceu Iroh
B. Mang Utas
C. Hawa Tasik nu tiis
D. Nginum kopi

Jawaban: C

Disclaimer: Kisi-kisi dan kunci jawaban soal UAS PAS ini dibuat berdasarkan kurikulum 2013 dan di bawah pengawasan tim ahli dan guru berkompeten Nani Supartini S,Pd Lulusan Universitas Pendidikan Indonesia (UPI).***

Editor: Ina Herlina

Sumber: buku.kemdikbud.go.id

Tags

Terkini

Terpopuler