Contoh Teks Pidato Bahasa Sunda tentang Paturay Tineung, Cocok untuk Acara Kelulusan dan Tugas Sekolah

- 23 Juni 2022, 20:57 WIB
Cocok untuk acara kelulusan dan tugas sekolah, berikut contoh teks Pidato Bahasa Sunda tentang Paturay Tineung atau perpisahan sekolah
Cocok untuk acara kelulusan dan tugas sekolah, berikut contoh teks Pidato Bahasa Sunda tentang Paturay Tineung atau perpisahan sekolah /pixabay.com/Bru-nO

Solawat miwah salam mugia tetep dilimpahkeun ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW, kulawargina, para sohabatna, sareng umatna dugi ka ahir jaman.

Ngahaturkeun nuhun ka pangatur waktu pangjajap acara nu parantosa masihan waktos ka sim kuring pikeun ngadugikeun ieu biantara. Sim kuring ngaraos bingah dipasihan kapercantenan sapertos kieu.

Bapa kepala Sakola nu ku sim kuring dipihormat, bapa-ibu guru nu ku sim kuring dipihormat, kanca mitra rerencangan sareng adi-adi kelas nu ku sim kuring dipideudeuh-dipitineung, hadirin anu ku sim kuring dipihormat.

Langkung ti payun sim kuring bade nyuhunkeun dima’lum, bilih dina salebeting sasanggem, resag basana mawur caturna, teu ninggang tatabasana, teu puguh entep seureuhna, kawantos sanes ahlina.

Katambih ku kasedek ku rupi-rupi rasa nu gumuruh minuhan dada; aya bungah pacampur jeung sedih, rasa waas kagagas paselang jeung kahariwang, tos puguh katineung mah miheulaan ngalangkang dina ciciptan.

Bapa Kepala sakola nu ku sim kuring dipihormat, bapa-ibu guru nu ku sim kuring dipihormat, sim kuring sadayana wangkid ieu gaduh rupi-rupi piunjuk anu bade dihaturkeun.

Kahiji, unjuk hatur nuhun, wireh sim kuring sadayana kebek ku karumaosan tina kawit boloho taya kanyaho, ayeuna parantos teu bodo-balilu teuing. Ieu teh teu aya sanes, anging ku panungtun sareng pangatik pangersa Bapa miwah ibu sadaya.

Baca Juga: Kumpulan Contoh Mukadimah Pidato atau Sambutan Lengkap Panjang dan Pendek, Mudah Dihafal

Dina leresan ieu, kanggo sim kuring estu beurat nyuhun beurat nanggung beurat narimakeunana. Kedah kumaha sareng kedah naon atuh sim kuring sadayana nya mulang tarima. Da moal aya harta dunya anu kurup saimbang sareng kasaean pangersa Bapa miwah ibu sadaya ka sim kuring.

Sim kuring mung tiasa jumerit ka Gusti Nu Maha Suci, mugi Gusti maparin ganjaran kasaean ka para guru abdi sadaya, anu parantos kahesean, kacapean, karungsingan- kapusingan, dina enggoning ngatik-ngadidik abdi sadaya. Aamiin, aamiin yaa robbal ‘aalamiin.

Halaman:

Editor: Abdullah Mu'min


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah