Kisi-kisi Soal PAS UAS Bahasa Sunda Kelas 11 SMA MA SMK Semester 1 Tahun Pelajaran 2022-2023

- 19 November 2022, 05:30 WIB
Kisi-kisi Soal PAS UAS Bahasa Sunda Kelas 11 SMA MA SMK Semester 1 Tahun Pelajaran 2022-2023
Kisi-kisi Soal PAS UAS Bahasa Sunda Kelas 11 SMA MA SMK Semester 1 Tahun Pelajaran 2022-2023 /

MANTRA SUKABUMI - Inilah kisi-kisi soal PAS UAS Bahasa Sunda kelas 11 SMA MA SMK semester 1 tahun pelajaran 2022-2023.

Kisi-kisi soal PAS UAS Bahasa Sunda kali ini sengaja kami bagikan sebagai bahan referensi adik-adik dalam menghadapi kegiatan Ujian Semester.

Didalamnya terdapat sebanyak 30 butir pertanyaan sebagai kisi-kisi soal PAS UAS yang disusun berdasarkan standar Kurikulum pada Kompetensi Inti (KI).

Baca Juga: Kisi-kisi Soal dan Kunci Jawaban PAS UAS Bahasa Sunda Kelas 10 SMA MA SMK Semester 1 Tahun Pelajaran 2022-2023

Kalian juga dapat berlatih dengan kisi-kisi yang kami bagikan ini, agar kemampuan adik-adik meningkat dalam mengerjakan soal PAS UAS nanti.

Dirangkum mantrasukabumi.com dari berbagai sumber pada Sabtu, 19 November 2022, berikut kisi-kisi soal PAS UAS Bahasa Sunda kelas 11 SMA MA SMK.

1. “Sim kuring ngadeg di ieu papanggungan minangka wawakil ti kelas X sareng kelas XI, seja cumarios ngedalkeun kereteg manah sareng ngawilujengkeun ka siswa kelas XII”
Kalimah biantara di luhur kagolong kana bagian ...
A. Salam panghormat
B. Ngahaturkeun nuhun
C. Ngadadarkeun tujuan
D. Nepikeun eusi
E. Sanduk-sanduk

2. Nu teu kagolong kana bagian struktur biantara bubuka nyaeta ...
A. Ngadadarkeun tujuan
B. Salam pamuka
C. Mukadimah
D. Ngahaturkeun nuhun
E. Salam panghormat

3. Nu teu kaasup sarat biantara nu hade nyaeta...
A. Artikulasi
B. Rasa
C. Lentong
D. Alur
E. Wirahma

4. Salah sahiji sarat biantara nyaeta ...
A. Teu kudu hareupeun balarea
B. Eusina bebas
C. Kudu dihareupeun jalma rea
D. Bahasana kumaha nu nyarita
E. Tujuana teu kudu ditangtukeun

5. Nu kagolong lengkah-lengkah nyusun teks biantara, nyaeta ...
A. Rangkayna weweg
B. Jejerna fiktif
C. Basana hade
D. Jejerna aktual
E. Eusina mundel

6. Kalimah nu luyu jeung tatakrama basa Sunda, nyaeta ...
A. Abdi bade mios ka sakola
B. Abdi bade angkat ka sakola
C. Abdi bade mulih ka sakola
D. Abdi bade wangsul ka sakola
E. Abdi erek angkat ti sakola

7. Biantara langsung tanpa nyiapeun teks kagolong kana tehnik biantara ...
A. Nalar
B. Maca naskah
C. Ekstemporan/catetan inti biantara
D. Impromto
E. Ngapalkeun

8. Anca-gancangna atawa tarik-halonna dina nyarita, sahiji sarat dina biantara nu hade. Istilah sejen tina eta kalimah nyaeta ...
A. Artikulasi (sora)
B. Lentong (intonasi)
C. Wirahma
D. Nada
E. Ekspresi

9. Angeun lodeh dioncoman Lauk emas bumbu cabe Nini maneh nanaonan
Ka Puskesmas ngilu KB
Eusi sisindiran di luhur, nyaeta ...
A. Piwuruk
B. Silihasih
C. Nasehat
D. Papatah
E. Sesebred

Baca Juga: Kisi-kisi dan Soal PAS UAS Bahasa Indonesia Kelas 11 SMA MA SMK, Lengkap dengan Kunci Jawaban Tahun 2022

10. Conto sisindiran wangun paparikan, nyaeta...
A. Tamiang reujeung hinisna, katojos kakeset hoe, teu tepang sareng jinisna, sawios potretna oge.
B. Saur saha batik mirah, sok atuh geura artosan, saur saha abdi narah, sok atuh geura tarosan.
C. Kuring mah ngarecah tutut, itu mah nutuan ketan, kuring mah
sapedah butut, itu mah nyetiran sedan.
D. Kleup maenbal ti Bandung, tos nasib kedah paturay (PERSIB)
E. Ka mana nalikeun pikir, ka dinya ka pupudunan, ka mana ngaitkeun pikir, ka dinya ka nu miheman

11. Anteneu piring nu badag
Kudu getol ka sakola
( eusina = .... )
A. Radar
B. Pemancar
C. Parabola
D. Nyiru
E. Garabag

12. Sing getol nginum jajamu Nu guna nguatkeun urat Sing getol neangan elmu Nu guna dunya aherat
Conto sisindiran wangun ....
A. Paparikan
B. Wawangsalan
C. Rarakitan
D. Heuheureuyan
E. Sajak bebas

13. Buah sisitan ngagoronyok Ulah sok galak timburu (Eusina .....)
A. Kadu
B. Salak
C. Honje
D. Rambutan
E. Seuti

14. Conto sisindiran nu eusina piwuruk, nyaeta ...
A. Poe Saptu poe Kemis, salasa heuleut-heuleutan, itu saha muril kumis, leumpangna eundeuk-eundeukan.
B. Majar maneh nganyam samak, neukteukan bari motongan, majar
maneh neang anak, ngadeukeutan popotongan
C. Cau naon cau naon, cau kulutuk di juru, bau naon, bau naon, bau hitut nu dijuru
D. Mawa peti dina sundung, ditumpangan ku karanjang, pangarti teu
beurat nanggung, tapi mangfaatna panjang.
E. Daun kelor daun ganas, kuciat jeung pacar keling, hutang motor tacan lunas, sakilat aya nu maling

15. Conto kalimah nu ngagunakeun basa lemes keur ka sorangan
A. Abdi mah mondok ti siang keneh.
B. Pa Guru kulem ti siang keneh.
C. Pun Bapa nuju angkat ka Bandung. D. Maneh sare ti beurang keneh
E. Pun Adi mios ka sakola.

16. Conto kecap-kecap nu luyu jeung undak-usuk basa. (loma – lemes keur ka sorangan – lemes keur ka batur)
A. datang – dongkap – sumping
B. datang – sumping – dongkap
C. balik – mulih – wangsul
D. mulih – wangsul – balik
E. mulih – balik – wangsul

17. Kalimah nu ngagunakeun basa lemes eur ka batur.
A. Abdi meser buku.
B. Abdi ngagaleuh buku.
C. Abdi meuli buku.
D. Pun biang ngagaleuh buku.
E. Kuring meuli buku.

Baca Juga: Kisi-kisi Soal dan Kunci Jawaban PAS UAS Bahasa Indonesia Kelas 12 SMA MA SMK Semester 1 TA 2022-2023

18. Sisindiran nu cangkang jeung eusina diwangun ku dua padalisan nyaeta...
A. Paparikan
B. Rarakitan
C. Wawangsalan
D. Pantun
E. Kakawihan

19. Nu teu kagolong kana watek sisindiran, nyaeta ...
A. Sesebred
B. Piwuruk
C. Papatah
D. Silihasih
E. Pasea

20. Sisindiran wangun paparikan di wangun ku .... padalisan
A. 6 padalisan
B. 5 padalisan
C. 4 padalisan
D. 3 padalisan
E. 2 padalisan

21. Ramo deukeut indung leungeun, Sing tumut kana piwuruk (eusina .....)
A. Jempol
B. Curuk
C. Jajangkung
D. Jari tengah
E. Cingir

22. Karya sastra imajinatif nu dijieun dina wangun lancaran, tapi asup akal
disebut ....
A. Dongeng
B. Biantara
C. Biografi
D. Drama
E. Carita pondok

23. Palaku utama dina carita pondok “DEHEM” nya eta...
A. Kuring
B. Acih
C. Manehna
D. Emeh
E. Pamajikan

24. Kasang tukang tempat eta carita teh, diantarana ...
A. di kebon
B. di leuweung
C. di kebon awi
D. di pasir
E. di jalan satapak

25. Jejer carita pondok nu judulna “ DEHEM”, nyaeta ...
A. Duriat
B. Kaasih
C. timburu
D. kamelang
E. kahariwang

26. Nu teu kaasup unsur-unsur nu aya dina carita pondok, nyaeta ...
A. Jejer
B. Alur
C. Rasa
D. Palaku
E. Puseursawangan (sudut andang)

27. Nu jadi poko pasualan nu rek ditepikeun ku pangarang dina carpon,
nyaeta …
A. Galur
B. Tokoh
C. Setting
D. Jejer
E. Puseur sawangan

Baca Juga: Soal PAS UAS dan Kunci Jawaban Bahasa Inggris Kelas 11 SMA MA SMK Semester 1 Tahun Pelajaran 2022-2023

28. Titénan ungkara di handap!
Bapa Kapala Sakola kudu biantara méré pamapag dina acara pentas
seni. Tapi dina waktu acara rék dimimitian ngadadak Bapa Kapala
Sakola aya kaperluan nu teu bisa ditinggalkeun. Ahirna ditunjuk sacara ngadadak Pembina OSIS pikeun nepikeun biantara pamapag ngawakilan Kapala Sakola.

Tina kasus di luhur, cara biantara nu dipaké ku pembina OSIS nya éta ....
A. Biantara ku cara ngapalkeun
B. Biantara ku cara maca naskah
C. Biantara ékstémporan
D. Biantara kontémporer
E. Biantara langsung /impromtu

29.Nu ngabedakeun carita pondok jeung dongeng, nya eta ...
A. Pada umumna carpon caritana asup akal ari dongeng mah teu.
B. Carpon caritana panjang ari dongeng mah pondok.
C. Carpon jeung dongeng pada-pada carita anu teu asup akal.
D. Carpon jeung dongeng museur kana hiji kajadian utama.
E. Carpon mah anonim ari dongeng mah ditulis kalawan jelas

30. Sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi sarta disatukageun eusina ngandung tarucing disebut ...
A. Paparikan
B. Wawangsalan
C. Rarakitan
D. Sajak
E. Pupuh

Disclaimer:
1. Jawaban dan pembahasan pada artikel ini mungkin akan berbeda dengan jawaban atau contoh yang oleh Bapak/Ibu Guru berikan di sekolah.
2. Jadikan artikel ini sebagai salah satu bahan referensi dalam menjawab soal bukan sebagai acuan utama dan satu-satunya
3. Artikel ini tidak mutlak kebenarannya.***

Editor: Ahmad Junaedi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x