Kumpulan 50 Kisi-kisi Soal Ujian Sekolah US UM Bahasa Sunda Kelas 9 SMP MTs, Berikut Kunci Jawaban TP 2022-202

- 20 Maret 2023, 14:47 WIB
Kumpulan 50 Kisi-kisi Soal Ujian Sekolah US UM Bahasa Sunda Kelas 9 SMP MTs, Berikut Kunci Jawaban TP 2022-202
Kumpulan 50 Kisi-kisi Soal Ujian Sekolah US UM Bahasa Sunda Kelas 9 SMP MTs, Berikut Kunci Jawaban TP 2022-202 /pexels.com

KAMEKARAN SENI SUNDA

Kumaha kamekaran seni Sunda kiwari ?
Pasualan éta geus remen jadi bahan padungdengan. Pangna kitu téh lantaran kahirupan urang Sunda kiwari geus loba kapangaruhan ku adat jeung kabiasaan nu jolna di deungeun. Eta hal téh gedé pangaruhna kana hirup huripna Seni Sunda. Karasa pisan, seni Sunda anu sakitu euyeubna téh nungtutan laleungitan. Sok sanajan kitu, henteu kabéh matak pikasalempangeun, sabab aya kénéh seni Sunda anu hirup, mekar, sarta tetep dipikaresep.

Kasenian Sunda nyampak tur mekar di unggal wewengkon, upamana baé wayang golék, calung, kendang penca, jeung degung. Ari anu hirup sarta mekar di hiji atawa sawatara wewengkon nyaéta sampyong di Kabupaten Majalengka jeung sabudeureunana, Sisingaan di Kabupaten Subang, Kuda Rénggong di Kabupaten Sumedang, Tarling di Kabupaten Indramayu, Bénjang di Kabupaten Bandung, Surak Ibra jeung Dodombaan di Kabupaten Garut.

Seni nu husus hirup di Kabupaten Majalengka jeung Kuningan nyaéta Gembyung jeung Sampyong. Hanjakal kamekaranana geus loba kadéséh ku ku seni modéren, anu antukna jadi kurang dipikawanoh ku masarakat.

Kasenian Sunda lianna anu masih kénéh pada mikaresep sarta sering dipintonkeun boh dina acara Agustusan, di nu kariaan, malah dina siaran televisi nyaéta calung, réog, degung, jaipongan jeung wayang golék.

Alesan pangna kasenian calung, réog, degung, jaipongan jeung wayang golék masih bisa hirup lantaran dianggap mampuh nuturkeun parobahan jaman. Calung ayeuna geus loba pisan robahna lamun dibandingkeun jeung calung baheula, pangpangna dina lebah nabeuh jeung lalaguanana. Baheula mah nu disebut calung teh rénténg, lantaran waditrana ngajajar ditalian sina ngarénténg. Tungtung tali nu hiji ditalikeun kana tihang, ari nu hiji deui ditalikeun kana awak anu nabeuhna. Atuh nabeuhna gé bari diuk.

Kiwari nabeuh calung téh dijingjing sabab waditrana henteu dirénténgkeun maké tali, tapi dirénténgkeun maké awi pikeun ngajingjingna. Ku kituna dina magelarkeunana leuwih gampang. Nu nabeuh bisa gerak kalawan bébas. Malah sangkan leuwih dipikaresep, pintonanana dieuyeuban ku humor.

3. Naon sababna kahirupan Seni Sunda remen jadi bahan padungdengan?
a. Kahirupan sunda geus kapangaruhan
b. Budaya sunda geus kapangaruhan
c. Kabiasaan urang sunda modern
d. Pangaruh negatif ti luar

Jawaban: A

4. Kecap kahiji, kadua, jeung katilu mangrupakeun kecap ......
a. Bilangan tahapan
b. Bilangan jumlah
c. Sifat
d Kaayaan

Halaman:

Editor: Ahmad Junaedi

Sumber: buku.kemdikbud.go.id


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah