Contoh Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda Terbaru 2022 Singkat dan Jelas: Pangwales Amal di Akherat

- 23 Agustus 2022, 07:40 WIB
Ilustrasi Singkat, padat dan jelas, simak contoh teks khutbah Jumat terbaru 2022 cocok untuk referensi khotib dalam Bahasa Sunda.
Ilustrasi Singkat, padat dan jelas, simak contoh teks khutbah Jumat terbaru 2022 cocok untuk referensi khotib dalam Bahasa Sunda. /*/pexels.com/Pixabay

Pikeun maot ngabantun iman sarta panungtungan ucapanku La ilaaha illallah eta teh sanes padamelan enteng, namung padamelan abot, margi dina waktu sakarat maot teh urang baka digoda ku setan sangkan urang maot bari henteu iman. - Na'udru billahi min dzalik.

Ku margi kitu sangkan urang maot ngabantun iman, teu aya deui jalan anu pangutamana sajaba ti kedah sering eling (dikir) ka Gusti Allah ti ayeuna keneh, tegesna kedah dibiasakeun dina nalika bungah sangkan urang sukuran ka Gusti Allah, komo nalika aya dina musibat/kasusah mah kedah sering muntang tulung ka Mantenna ulah ka sasaha, sangkan Gusti Allah masihan topek sarta ngaijabah kana doa urang.

Baca Juga: Teks Khutbah Jumat Singkat dan Padat Sambut Tahun Baru Hijriyah: Perbanyak Amal Kebaikan di Bulan Muharram

Pidawuh Allah:

رِجَلٌل لاَّتُلْهِيْهِمْ تِجَارَةٌوَّلاَبَيْعٌ عَنْ ذِكْرِاللهِ

Hartosna: "Ari jalma anu diangken hamba Allah teh) nya eta jalma-jalma anu tara katungkulkeun ku usaha jeung jual-meuli dina dikirna ka Allah teh.”

Pendeknamah sanajan bari usaha. digawe naon bae oge tetep bari inget ka Gusti Allah.

Para hadirin sadaya, Saparantos maot urang sadaya bakal nyorang alam kubur atawa alam barzakh. Di alam barzakh urang sadaya bakal kenging patarosan ti Malaikat Munkar jeung Nakir, dua Malaikat anu rupina pikasieuneun pisan.

Sakur jalma anu tiasa ngajawab kana patarosanana, cirina bakal bagja di aheratna sarta terus bakal narima kani'matan kubur Sawangsulna upamana henteu tiasa nga jawab, cirina bakal cilaka di aheratna sarta terus narima siksa kubur.

Perlu diemutkeun yen tiasa atawa henteuna ngajawab patarosan Malaikat teh gumantung kana sae/awonna amal urang. Upami sae amalna tinangtu tiasa ngawaler, upami tukang masiat tinangtu moal tiasa ngawaler. Moal tiasa diapalkeun jawabanana ti ayeuna, ari kana ibadahna ngedul mah.

Halaman:

Editor: Encep Faiz


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x