Contoh Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda Terbaru 2022 Singkat dan Jelas: Pangwales Amal di Akherat

- 23 Agustus 2022, 07:40 WIB
Ilustrasi Singkat, padat dan jelas, simak contoh teks khutbah Jumat terbaru 2022 cocok untuk referensi khotib dalam Bahasa Sunda.
Ilustrasi Singkat, padat dan jelas, simak contoh teks khutbah Jumat terbaru 2022 cocok untuk referensi khotib dalam Bahasa Sunda. /*/pexels.com/Pixabay

Urang sadaya bakal disuhunkeun pertanggungan jawab sadaya amal urang. sae atanapi awona, nya kitu deui ngeunaan kana atikan urang ka kulawarga urang ayeuna. Upami urang sok ngatik ka kulawarga sasarengan dina ibadah, tinangtu bakal kempel sadayana di sawarga, sakumaha pidawuh Allah:

Baca Juga: Teks Khutbah Jumat Tahun Baru Islam 2022 Singkat Jelas, Keutamaan dan Amalan 1 Muharram 1444 H

وَالَّذِيْنَ اَمَنُوْاوَاتَّبَعَتْهُمْ ذُرِّيَّتَهُمْ بِاِيْمَانٍ اَلْحَقْنَابِهِمْ

"Ari jalma-jalma anu mu'min anu dituturkeun ku anak pamajikanana dina kaimanan (katakwaan). tinangtu Kaula bakal ngumpulkeun maranehanana sabondoroyot jeung moal ngurangan kana amalna saeutik oge. (Tegesna bakal diadarajarkeun). (S.Thur: 21).

Upama jalma antepan ka kulawarga tara ngadidik/ngatik kana ibadah, engkena bakal silih dakwa, bakal silih jauhan sabab sieun didakwa tea.
Dawuhan Allah:

يَوْمَ يَفِرُّالْمَرْءُمِنْ اَخِيْهِ.وَاُمِّهِ وَاَبِيْهِ.وَصَاحِبَتِهِ وَبَنِيْهِ.

Hartosna: “(poe kiamah teh) poean jelema jelema ngajauhan ti dulurna, ti indung bapana, ti sobatna jeung anak- anakna."

Para hadirin sadaya, Mangga pek perhatoskeun kaayaan ayeuna oge di dunya, upami rumah tangga jalmi anu takwa mah sok tengtrem, silih pikanyaah, silih pikadeudeuh, silih belaan sareng sasama kulawargi teh.

Sawangsulna rumah tangga jalmi anu henteu takwa sok kucrut, sok silih carekan, silih bongohan, malah aya anak anu silih wantun nyiksa ka sepuhna. Mangga kantun ngemut, hoyong ka mana di aherat teh? Upama palay ka surga, getolan ibadahna kantunkeun masiatna.

باَرَكَ اللَّهُ لِى وَلَكُمْ بِالاْاَيَاتِ وَالذِّكْرِالْحَكِيْمِ وَتَقَبَّلَ مِنِّ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ هُوَاللسَّمِيْعُ الْعَلِمُ وَقُل رَبِّ اغْفِرْوَارْحَمْ وَاَنْتَ خَيْرُالرَّحِمِيْنَ.

Halaman:

Editor: Encep Faiz


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x