Terbaru! Contoh Teks Pidato Bahasa Sunda Tema Maulid Nabi Muhammad SAW Singkat dan Jelas

11 September 2022, 17:00 WIB
Singkat dan padat, inilah contoh terbaru teks pidato Bahasa Sunda bisa dijadikan materi lomba peringatan Maulid Nabi Muhammad SAW. /*/Pexels/ Katrien Grevendonck/

 

MANTRA SUKABUMI - Terbaru inilah contoh biantara bahasa Sunda dengan tema Maulid Nabi Muhammad SAW.

Tidak terasa sebentar lagi kita akan memasuki bulan Maulid Nabi Muhammad SAW, biasanya acara maulid nabi diisi dengan berbagai kegiatan.

Biasanya acara maulid nabi diperingati dengan lomba pidato bahasa Sunda dengan tema Maulid Nabi.

Baca Juga: Kisi-kisi Soal PAI PTS UTS Kelas 5 SD MI Semester 1, Lengkap dengan Kunci Jawaban Terbaru Tahun 2022

Teks pidato Bahasa Sunda singkat ini bisa dijadikan referensi ketika mengikuti lomba ceramah menggunakan bahasa tradisional.

Dirangkum mantrasukabumi.com dari berbagai sumber, inilah contoh teks pidato bahasa Sunda tema Maulid Nabi Muhammad SAW yang singkat dan jelas.

Assalamualaikum Wr. Wb.

Hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka hadirat Allah SWT, yen dinten ieu urang tiasa patepang raray deui di acara anu suci ieu.

Shalat sareng salam urang haturkeun ka junjungan urang, Kanjeng Nabi Muhammad SAW. Kulantaran Anjeuna, urang janten tiasa ngabedakeun sagala perkara di hirup urang mana anu haq jeung mana anu bathil.

Hadirin sadaya anu dimuliakeun ku Allah SWT, unggal jalmi teh tos tangtu gaduh harapan bahwa urang teh hoyong kabagjaan di dunia jeung di akhirat. Kabagjaan eta teh moal tiasa dilakonan ku cara sakadaek urang pribadi. Atawa aya hura-hura sareng sagala hal anu dilarang ku agama urang nyaeta agama Islam.

Tapi urang teh sebagei jalmi atau hamba Allah, kedah ngalakukeun sagala kahadean di hirup kaasup ibadah anu diperintahkeun ku Allah SWT saperti anu ditulis di Al quran jeung hadist. Tapi urang ge kudu terang, yen ngalakukeun ibadah kudu dimimitian ku hate anu ikhlas. Artina ngalakukeun sagala ibadah eta teh, lain karna hoyong ditempo ku batur komo deui karna hoyong dipuji hungkul.

Baca Juga: Contoh Teks Pidato Persuasif Singkat Kelas 9 SMP MTs Tema kebersihan Lingkungan Sekolah

Sababna mun urang ibadah ngan saukur haying ditempo ku batur hungkul mah, kalahkah urangna nu cape beribadah. Padahal ibadah nu sabenerna teh kedah dilakukeun sing ikhlas jeung pasrah.

Kanjeng Nabi Muhammad, pernah nyebutkeun yen ciri-ciri jelema nu riya dina ibadah ada sababaraha macem. Sapertos :

Sanajan sifatna males ngalakukeun ibadah misalna solat, jelema eta teh bakal ngadadak rajin pas aya batur nu ningali manehma ngalakukeun solat.

Ibadahna teh getol ngan disebabkeun ku haying dipuji ku batur hungkul, tapi mun ditegor ku batur kalahkah pundung.

Tapi mudah-mudahan urang sadaya moal nepi ka kitu, moal ngalakukeun ibadah ngan saukur riya hungkul. Tapi emang tulus sareng ikhlas ngalakukeun karena Allah.

Mung sakitu heula biantara di acara Maulid Nabi ieu nu tiasa simkuring dugikeun ka sadayanan. Mugi-mugi eusina seueur mangpaatna, kanggo urang sadaya.

Hapunten bilih seueur keneh kakiranganna. Mudah-mudahan doa urang ayeuna diijabah jeung diberkahi ku Allah SWT. Amin Ya Rabbal alamin.

Wassalamualaikum Wr. Wb

Itulah contoh teks pidato singkat bahasa sunda tentang Maulid Nabi Muhammad SAW , cocok untuk tugas bahan sekolah atau acara lomba. ***

Editor: Encep Faiz

Tags

Terkini

Terpopuler