Teu hilap simkuring ngahaturkeun hatur nuhun ka Panata Acara nu parantos masihan waktos kangge simkuring ngadugikeun Biantara di payuneun para wargi sadaya.
Para wargi anu ku simkuring dipikahormat.
Dina waktos ieu, simkuring bade midangkeun judul "Kebersihan Sebagian dari Iman."
Tos pada uninga sadayana yen kabersihan teh sabagian tina iman. Lamun urang teu bisa ngajaga kana kabersihan , pantes teu urang disebut jalma anu iman?
Iman urang kudu dipertanyakeun lamun masih wani miceun sampah ka walungan atanapi miceun sampah di tempat umum.
Dina salah sahiji hadis diterangkeun:
النَّظَافَةُ مِنَ اْلإِيْمَان
Nu hartosna kabersihan teh sabagian tina iman.
Ngajaga kabersihan teh mangrupa salah sahiji parentah Allah pikeun manusa di alam dunya. Kumargi kitu pikeun jalma anu sok ngajaga kabersihan insya Allah kenging pahala ti Gusti Allah SWT.