Ulah waka jauh-jauh, ngajaga kabersihan mah gampang kacida. Timimiti ngajaga kabersihan awak sorangan, kabersihan di lingkungan kulawarga, nepika ngariksa kabersihan lingkungan balarea.
Ulah miceun sampah sakadaek komo ka walungan mah. Salain ngaruksak ekosistem cai walungan, sampah oge ngadatangkeun balai.
Ari mangsana banjir mah pan nyusahkeun sarerea. Palebah dinya urang kudu ngajaga kabersihan teh da manfaatna pikeun urang keneh.
Ku kituna hayu urang sami-sami ngajaga kana kabersihan diri sareng lingkungan. Urang pada-pada silih emutan pikeun kamaslahatan balarea.
Para wargi anu ku simkuring dipikahormat
Mung sakitu biantara anu tiasa ku simkuring di dugikeun, hapuntenna bilih aya basa anu kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang merenah larapna, mugi kersa ngahapunten.
Wassalamu'alaikum Wr. Wb***