3. Babasan tina sok babari katerap panyakit nyaeta...
a. Ipis biwir
b. Amis daging
c. Lesang kuras
d. Laer gado
Jawaban: B
4. Biantara téh nya éta nyarita di hareupeun balaréa dina situasi nu resmi. Biantara pikeun mapag dina hiji acara disebut biantara pamapag, atawa biasana disebut...
a. Papatah
b. Sambutan
c. Weujangan
d. Guguritan
Jawaban: B
5. Hejo tihang artina...
a. Tihangna warna hejo
b. Tanggal cau
c. sok pundah-pindah
d. Neangan picilakaeun
Jawaban: C
6. Kacai jadi saleuwi.
Lengkepan paribasa di luhur...
a. Kadarat jadi cai
b. Kadarat saat
c. Kadarat jadi salebak
d. Kadarat sauyunan
Jawaban: C
7. Sora, lentong wirahma, nada, paroman, jeung pasang peta mangrupa hal anu kudu diperhatikeun dina waktu...
a. Eusi biantara
b. Wirahma
c. Nepikeun biantara
d. Paroman atanapi pasemon
Jawaban: C