Terbaru, Teks Khutbah Idul Adha 1443 H Bahasa Sunda dengan Tema: Gunakeun Waktu Pikeun Ibadah

9 Juli 2022, 16:45 WIB
Ilustrasi Terbaru, Teks Khutbah Idul Adha 1443 H Bahasa Sunda dengan Tema: Gunakeun Waktu Pikeun Ibadah. /*/Unsplash.com/Rumman Amin/

MANTRA SUKABUMI - Simak, contoh teks khutbah Idul Adha 1443 H dibawah ini tersaji dalam bentuk Bahasa Sunda.

Adapun tema yang diusung dalam teks khutbah Idul Adha 1443 H ini adalah "Gunakeun Waktu Pikeun Ibadah/Gunakan Waktu untuk Ibadah".

Bagi calon khatib pelaksanaan shalat Idul Adha 1443 H, bisa menggunakan teks dibawah ini untuk dibawakan saat menunaikannya nanti.

Baca Juga: Contoh Teks Khutbah Singkat Idul Adha 1443 H, Terbaru Tahun 2022

Seperti diketahui, Hari Raya Idul Adha 1443 H akan dilaksanakan pada Minggu, 10 Juli 2022 besok.

Penentuan Hari Raya Idul Adha 1443 sebagaimana ditetapkan pemerintah melalui Kementerian Agama RI berdasarkan hasil sidang isbat pada 30 Juni 2022 lalu.

Rangkaian pelaksanaan ibadah sholat Idul Adha 1443 H tentu di dalamnya ada pembacaan khutbah oleh khotib.

Maka dari itu, berikut mantrasukabumi.com sajikan rangkuman materi teks khutbah Idul Adha 1443 sebagai referensi untuk khotib.

 KHUTBAH KA 1

السلام عليكم ورحمة الله وبركاته
أَللهُ أَكْبَرْ ٩ x
أَلْحَمْدُ للهِ الَّذِى جَعَلَ الْبَيْتَ الْحَرَامَ مَثَابَةً لِلنَّاسِ وَأَمْنًا، وَفَرَضَ الْحَجَّ عَلَى عِبَادِهِ كِرَامًا وَّإِحْسَانًا، وَأَغْنَانَا بِفَضْلِهِ رَحْمَةً مِنْهُ وَلُطْفًا وَمَنًّا، أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللَّهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيكَ لَهُ، شَهَادَةً تُنْجِيْنَا مِنْ عَذَابِهِ وَتُنْقِذُنَا، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُولُهُ، رَسُوْلًا أَمِيْنًا، اللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِه وَصَحْبِهِ وَالتَّابِعِيْنَ مَا دَامَتِ الْحَيَوَانَاتُ فِى تَسْخِيْرِنَا.

أَمَّا بَعْدُ، فيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُونْ، إِتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَاتَمُوْتُنَّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُّسْلِمُوْنَ. أَعُوذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيمِ, بِسمِ اللهِ الرحْمنِ الرَّحِيم, {وَلِكُلِّ أُمَّةٍ جَعَلْنَا مَنْسَكًا لِيَذْكُرُوا اسْمَ اللَّهِ عَلَى مَا رَزَقَهُمْ مِنْ بَهِيمَةِ الأنْعَامِ فَإِلَهُكُمْ إِلَهٌ وَاحِدٌ فَلَهُ أَسْلِمُوا وَبَشِّرِ الْمُخْبِتِينَ () الَّذِينَ إِذَا ذُكِرَ اللَّهُ وَجِلَتْ قُلُوبُهُمْ وَالصَّابِرِينَ عَلَى مَا أَصَابَهُمْ وَالْمُقِيمِي الصَّلاةِ وَمِمَّا رَزَقْنَاهُمْ يُنْفِقُونَ}

Hadirin sidang Idul Adha anu dirohmat ku Alloh swt.
Sapeupeuting ngaguruh sora takbir, ngageuing mawa eling ka diri nu perlu ku pepeling. Ti unggal masjid ti tiap musholla, teu eureun gumuruhna minuhan jagat raya, dugi ka langit ka tujuh, nu disambut ku para malaikat, maraca istigfar pikeun nu talakbir ngagungkeun Alloh nu maha wisesa, ngagungkeun Dzat nu Maha Agung, teu aya pangeran anu sa agung Alloh Subhanahu wata’ala. Teu aya nu nandingan kana Digjayana Alloh, kana kakawasaanana, raja ning raja. Nu hak disembah sareng hak di ta’ati parentah sareng laranganana.

Allohu Akbar, Allohu Akbar, Wa lillahil Hamd.
Dinten ieu para jama’ah Haji di Mekah, ayeuna nuju marulih ti Arofah, teras ka Muzdalifah, lajeng ka Mina kanggo ngalempar Jumroh Aqobah, bari teu liren ngalafadkeun Talbiyyah;

لَبَّيْكَ اللَّهُمَّ لَبَّيْكَ، لَبَّيْكَ لاَ شَرِيكَ لَكَ لَبَّيْكَ، إِنَّ الْحَمْدَ وَالنِّعْمَةَ لَكَ وَالْمُلْكَ، لاَ شَرِيكَ لَكَ.

Rangkaian manasik sareng ibadah haji teu leupas tina sunnah Kanjeng Nabi Muhammad saw. anu neraskeun sunnah nabi Ibrohim sareng Nabi Ismail, katut ibuna anu sholehah tegesna Ibunda Siti Hajar alaihimissalam.

Arofah, hartosna Kangjeng Nabi Ibrohim yakin yen ngimpenna sebagai wahyu ti Alloh SWT. di Muzdalifah mulung batu kanggo maledogan syetan anu mere karaguan, ngagoda sangkan teu ngagugu kana parentah Alloh. Lajeng ngalempar Jumroh Ula, jumroh wusto sareng jumroh Aqobah, ngalambangkeun ngusir syetan sangkan jauh tinu keur ibadah.

Sadayana nu dilakukeun ku Kangjeng Nabi Ibrohim, Nabi Ismail sareng Siti Hajar, diturutan ku jama’ah haji, didamel conto, sakumaha nu janten syari’at Kangjeng Rosululloh saw. ieu mangrupi ‘ibroh, picontoeun kanggo urang sadaya, mangrupi tuntunan anu kedah di emutan, di tafakuran kumaha perjalanan jalmi-jalmi anu saroleh mayunan parentah Alloh SWT.

Allohu Akbar, Allohu Akbar, Wa lillahil Hamd.
Manusa anu teu eureun di goda ku syetan, teu liren di kendalikeun ku nafsu, kudu bisa istiqomah, bisa maksakeun diri, ulah unggut kalinduan, ulah gedag ka anginan, dina situasi jeung kondisi kumaha bae, kedah tetep di jalan anu di gariskeun ku Alloh azza wajalla, kedah tetep renggenek, ulah incah balilalahan, aya dina kakhusyuan, kaikhlasan, ibadah beurang peuting, nyembah Alloh, dzikir sareng ngalakukeun amal hade.

Cobaan nu di hadapi Nabi Ibrohim, ti kawit ti Palestina, angkat ka Mekah, disarengan ku istrina bari ngangais Nabi Ismail nu masih bayi. Lajeng istri sareng putrana ditinggalkeun di Mekah nu teu aya jajadian, teu aya cai, teu aya tatangkalan, teu aya jalmi hiji-hiji acan.

Siti hajar ngandika; “Abah, ieu leres bade ninggalkeun abdi duaan jeung orok di tempat ieu?” Nabi Ibrohim teu ngawaler, da saha pijalmieunana anu wani miceun anak pamajikan di tempat hara-haraeun, ditempat gersang nu teu aya jajadian tatangkalan.

Siti Hajar naros deui; “Abah, naha ieu teh piwarangan Alloh?”, nembe Nabi Ibrohim ngawaler; “Enya, di piwarang ku Alloh, anjeun duaan kudu cicing didieu, Abah rek balik deui ka Palestina”. Siti Hajar nembe tiasa saat cisocana, margi upami disebatkeun piwarang Alloh, naon bae kedah ikhlas, rido, teu tiasa nawis deui.

Siti Hajar yakin, upami cicing didieu piwarangan Alloh pasti bakal pinanggih jeung kabagjaan, sanajan melalui rintangan sareng kondisi nu parah pisan, ti kawit milarian cai, milarian jalmi, dugi lulumpatan kaditu kadieu menta tulung ka manusa, teu aya nu nyampeurkeun, da memang teu aya jalmi kajabi anjeuna duaan, tapi Siti Hajar yakin, moal sapati-pati Alloh miwarang upami teu disarengan ku rohmat sareng kanyaahna.

Baca Juga: UPDATE Contoh Teks Khutbah Idul Adha 1443 H Tahun 2022

Saba’da sababaraha taun Nabi Ibrohim sumping deui ka Mekah, anjeuna sasauran; “Istriku Hajar, Abah, ngimpen yen Abah kudu meuncit anak nu dipicinta, Ismail nu ngan hiji-hijina bari meunang hayang”.

Saur Siti Hajar; “Upami paretah Alloh, moal aya nu dikoretkeun, bujeng-bujeng anak, dalah nyawa sorangan ge, mangga teh teuing, ikhlas rido, nyanggakeun sadaya-daya karena Alloh”.

Kitu deui Nabi Ismail; “Abah, manga geura laksanakeun piwarang Alloh, tutupan beungeut abdi bilih Abah teu tega ningal abdi sedih, sing seukeut pesona ngarah abdi teu ngaraos nyeri”.

Yakin moal aya nu tega meuncit putrana nu soleh, nu bageur, nu kasep, kameumeut nu ngan hiji-hijina, bari di bandungan ku ibuna nu micinta, mikadeudeuh, mika heman. Tapi sadayana rido jeung ikhlas, tumarima sarta rela berkorban demi parentah Alloh Azza wajalla.

Allohu Akbar, Wa lillahil Hamd.
Ayeuna, upami bandingkeun sareng kahirupan urang, nu sapopoe ngagugulung dunya, sapopoe mikirkeun hirup jeung kahirupan, mikirkeun eusi beuteung jeung kamewahan, mikirkeun imah jeung mobil, mikiran meuli kuota jeung mayar pajeg motor.

Teu gaduh waktu khusus pikeun nyembah Alloh, teu aya waktu nu longgar pikeun khusyu’ ibadah ka Alloh. Urang mah sok ngaheulakeun karesep, dari pada ngalakukeun parentah Alloh, osok keneh ngaheulakeun ngurus budak batan sholat berjamaah ka masjid, ngaheulakeun ngumbah mobil batan wiridan jeung maca Quran, Allohu Akbar.

Naha teu sieun kitu ku ancaman Alloh?, dawuh Alloh;

وَأَنذِرِ ٱلنَّاسَ يَوْمَ يَأْتِيهِمُ ٱلْعَذَابُ فَيَقُولُ ٱلَّذِينَ ظَلَمُوا۟ رَبَّنَآ أَخِّرْنَآ إِلَىٰٓ أَجَلٍ قَرِيبٍ نُّجِبْ دَعْوَتَكَ وَنَتَّبِعِ ٱلرُّسُلَ ۗ أَوَلَمْ تَكُونُوٓا۟ أَقْسَمْتُم مِّن قَبْلُ مَا لَكُم مِّن زَوَالٍ

“Muhammad anjeun kudu mere peringatan ka kabeh manusa, dimana datang azab Alloh maranehna nu dolim ngaromong; “ke heula atuh Gusti, pasihan waktos sakedap mah abdi bade nyumponan parentah Gusti, sareng bade nuturkeun Kangjeng Rosul”. Saur Alloh; panan maraneh bareto geus sumpah; pajarkeun urang mah moal keuna siksa ku dosa kieu” (QS. Ibrohim 44)

حَتَّى إِذَا جَاءَ أَحَدَهُمُ الْمَوْتُ قَالَ رَبِّ ارْجِعُونِ (٩٩) لَعَلِّي أَعْمَلُ صَالِحًا فِيمَا تَرَكْتُ كَلا إِنَّهَا كَلِمَةٌ هُوَ قَائِلُهَا وَمِنْ وَرَائِهِمْ بَرْزَخٌ إِلَى يَوْمِ يُبْعَثُونَ (۱۰۰)

“Dimana geus datang maot, manehna ngomong; “Gusti wangsulkeun deui abdi ka dunya, yakin abdi bade ngalakukeun amal soleh, nambalan nu katinggaleun”. Dawuh Alloh; “Eta mah kalimah basa-basi, dagoan we di alam barzakh nepika hudang tikubur engke”.

Allohu Akbar, Wa lillahil Hamd.
Naha aya keneh nu wani ngalawan ka Alloh?, wani ngalawan kana parentah Alloh?, naha teu cukup jadi conto kaayaan ummat nu baraheula?.
Masih keneh ludeung ngong adzan, jongjon nyonyoo HP, kadenge nu takbir berjamaah, masih ngabaheuhay di warung caffec bari ngopi, masih khusyu’ nyangharepan sinetron dina TV.

Kagok gawe nepika teu malire kanu ngajak eling, komo nu kagok ulin, kagok rekreasi, kagok ngegym, meni asa sehat keneh olah raga dari pada sholat mayun ka Alloh. Asa rek panjang umur lamun nganggeuskeun badminton jeung tenis, dari pada buru-buru ngajugjug Masjid. Rarasaan teh ari sholat mah teu matak sehat, rasana ari sholat mah matak ruwet kana pikir, padahal saur Alloh;

أَلَا بِذِكْرِ اللَّهِ تَطْمَئِنُّ الْقُلُوبُ

“Sing inget, nu nengtremkeun hate ngan ukur Dzikir”

Moal manggih katenangan jiwa, kajembaran hate kajaba ku dzikir, mesing indit kaditu-kadieu, katempat nu rame, atawa ka tempat anu sepi hayang niiskeun pikir, moal.. moal manggih.., anggur geuwat dzikir ka Alloh, sholat, wiridan, maca qur’an, ngaji ka majlis taklim, ngariung jeung jalmi-jalmi anu saroleh, dijamin ku Alloh; Tatmainnul Qulub, jembar, tenang, aman jeung kondusif.

Ibnul Qoyim al-Jauziyyah nyaurkeun;

إِضَاعَةُ الْوَقْتِ أَشَدُّ مِنَ الْمَوْتِ لِأَنَّ إِضَاعَةَ الْوَقْتِ تَقْطَعُكَ عَنِ اللهِ وَالدَّارِ الْآخِرَةِ، وَالْمَوْتُ يَقْطَعُكَ عَنِ الدُّنْيَا وَأَهْلِهَا.

“Miceunan waktu jeung kasempetan eta leuwih bahaya dari pada kematian, sabab miceunan waktu eta megatkeun eling ka Alloh jeung ngajauhkeun tina perkara pi-akherateun. Sedengkeun kematian ngan ukur ngajauhkeun tina dunya jeung eusina”.

Dunya jeung eusina ukur tinggalkeuneun, isuk duka pageto bakal di tinggalkeun, meunang kukumpul mang taun-taun, meunang ngudag-ngudag nepika beak waktu beak umur, kabeh bakal di tinggalkeun malah ngan ukur jadi rebutan ahli waris. Tapi dzikir ka Alloh, eling kana yen diri diciptakeun ku Alloh pikeun ibadah bakal mawa kabagjaan dunya akherat.

Bade iraha deui urang sadaya balik ka Alloh, bade iraha deui urang ngagunakeun waktu jeung kasempetan pikeun ibadah, ayeuna, ayeuna, jeung ti ayeuna, urang sadaya niat dina hate sewang-sewangan, yen ti detik ieu, ti menit ieu, ti poe ieu, abdi bade ngagunakeun waktu pikeun mayun ka Alloh, abdi bade maksakeun pikeun ibadah ka Alloh, ti poe ieu abdi bade sholat awal waktu berjamaah, ti poe ieu abdi bade nyeueurkeun wiridan, nyeueurkeun dzikir ka Alloh, ti dinten ieu abdi bade getol maca Quran, ti dinten abdi bade leres-leres nyiar elmu, lebet ka majlis taklim, ngariung sareng anu saroleh, ngadu’a kalayan khusyu’.

Ya Alloh pangeran abdi, mugi Gusti masihan kakiatan ka abdi kanggo getol ibadah, masihan pitulung kanggo abdi tiasa angkat ka pangaosan, mugi dipasihan kajembaran kanggo maca Quran sareng dzikir ka Gusti.

Ya Alloh pangeran abdi, mugi Gusti masihan kasobaran ka abdi, kanggo mayunan panggoda syetan, sareng pangajak nafsu. Ya Alloh Ya Robbana, pasihan abdi kakiatan kanggo mayunan sagala rupi cobian ti Gusti.

Ya Alloh, mugi Gusti masihan pitulung taufik sareng hidayah kanggo salamina abdi aya dina jalan anu sae mungguh Gusti, tiasa ibadah tiap waktos, tiasa dzikir unggal wengi, tiasa sholat lima waktu kalayan berjamaah.

Ya Alloh kiatkeun abdi kanggo sholat tahajud unggal wengi, kiatkeun abdi tiasa sholat witir tiap wengi, kiatkeun abdi tiasa sholat duha dimana datang beurang, kiatkeun diri abdi kanggo wiridan tiap bada sholat, mayun kalayan khusyu’. Ya alloh, pasihan abdi ‘inayah sareng pitulung.

Ya Alloh, anu maha kawasa sareng maha bijaksana, abdi rumaos sok ngaheulakeun dunya batan akherat, Ya Allohu Robbuna wa Kholiquna, abdi rumaos sok talangke dina ibadah, abdi rumaos sok nga-akhir-akhir sholat, mugi Gusti ngahapunten ka abdi sadaya, abdi rumaos sok ngarumpak paharaman Gusti, rumaos kana syubhat di labrak nu makruh sumawona.

بَارَكَ اللهُ لَنَا وَلَكُمْ فِي الْآياَتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمْ، وَتَقَبَّلَ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلَاوَتَهُ إِنَّهُ جَوَادٌ كَرِيْمٌ رَّؤُوْفٌ رَّحِيْمٌ.

KHUTBAH KA 2

ألله أكبر ٧ x

اَلْحَمْدُ للهِ الْوَاحِدِ الْأَحَدِ، الَّذِي لَمْ يَلِدْ وَلَمْ يُوْلَدْ وَلَمْ يَكُنْ لَّهُ كُفُواً أَحَدٌ، نَحْمَدُ رَبَّناَ وَنَشْكُرُهُ عَلَى نِعَمِهِ وَآلَائِهِ الَّتِي لَا تُحْصَى وَلَا تُعَدّْ، أَشْهَدُ أَنْ لَّا إِلهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ اَلْإِلهُ الصَّمَدُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ نَبِيَّنَا وَسَيِّدَنَا مُحَمَّداً عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِيْ إِلَى سُنَن الرَّشَادِ، اللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ مُحَمَّدٍ، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ ذَوِي الْفَضْلِ وَالسُّدَدِ.

أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَاالْحَاضِرُونْ أُوْصِيْكُمْ وَإِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُونْ. اَللّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلى آلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِينْ، آمِينْ ياَ رَبَّ الْعَالَمِيْنَ، اَللّهُمَّ اغْفِرْ لِلمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِينَ وَالْمُؤْمِنَاتِ الْأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْأَمْوَاتِ، اَللّهُمَّ سَلِّمِ الْحُجَّاجَ وَالْمُعْتَمِرِينْ، وَرُدَّهُمْ إِلَى وَطَنِهِمْ سَالِمِينْ. اَللّهُمَّ سَلِّمْنَا وَالْمسْلِمِيْنَ وَعَافِنَا وَالْمُسْلِمِيْنَ، وَاكْفِنَا وَإِيَّاهُمْ شَرَّ مَصَائِبِ الدُّنْيَا وَالدِّينْ،

اللَّهُمَّ أَصْلِحْ لَنَا دِيْنَنَا الَّذِي هُوَ عِصْمَةُ أَمْرِنَا، وَأَصْلِحْ لَنَا دُنْيَانَا الّتِي فِيْهَا مَعَاشُنَا، وَأَصْلِحْ لَنَا آخِرَتَنَا الّتِي إِلَيْهَا مَعَادُنَا، وَاجْعَلِ الْحَيَاةَ زِيَادةً لَّنَا فِي كُلِّ خَيْرٍ، وَاجْعَلِ الْمَوْتَ رَاحَةً لَنَا مِنْ كُلِّ شَرٍّ، اللَّهُمَّ اجْعَلْ خَيْرَ أَعْمَارِنَا آخِرَهَا، وَخَيْرَ أَعْمَالِنَا خَوَاتِمَهَا، وَخَيْرَ أَيَّامِنَا يَوْمَ لِقَائِكَ. اللَّهُمَّ اجْعَلْنَا أَغْنَى خَلْقِكَ بِكَ، وَأَفْقَرَ عِبَادِكَ إِلَيْكَ، وَهَبْ لَنَا غِنىً لاَ يُطْغِينَا، وَصِحَّةً لاَ تُلْهِيْنَا، وَاَغْنِنَا اللَّهُمَّ عَمَّنْ أَغْنَيْتَهُ عَنَّا، وَاجْعَلْ آخِرَ كَلاَمِنَا مِنَ الدُّنْيَا شَهَادَةَ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهَ وَأَنَّ مُحَمَّدًا رَّسُولُ اللهِ. اللَّهُمَّ ثَبِّتْنَا بِالقَوْلِ الثَّابِتِ فِي الحَيَاةِ الدُّنْيَا وَفِي الآخِرَةِ يَا أكرَمَ الْأَكْرَمِينْ، وَيَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِينْ. وَالْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ.

عِبَادَ اللهْ، إِنَّ اللَّهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَالْإِحْسَانِ وَإِيتَاءِ ذِي الْقُرْبَىٰ وَيَنْهَىٰ عَنِ الْفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ وَالْبَغْيِ ۚ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُونَ. وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ، وَاللهُ يَعْلَمُ مَا تَصْنَعُوْنَ.

Demikian itulah contoh teks khutbah Idul Adha 1443 terbaru dan terlengkap dalam Bahasa Sunda untuk dijadikan referensi oleh khotib maupun sebagai bacaan jamaah. ***

Editor: Robi Maulana

Tags

Terkini

Terpopuler