Teks MC Isra Mi'raj 2023 dalam Bahasa Sunda, Lengkap dengan Susunan Acaranya

12 Februari 2023, 16:30 WIB
Teks MC Isra Mi'raj 2023 dalam Bahasa Sunda, Lengkap dengan Susunan Acaranya /Mantra Sukabumi/pexels.com/borta/

MANTRA SUKABUMI - Inilah contoh teks MC atau pembawa acara Isra Mi'raj 2023 dalam bahasa sunda, lengkap dengan susunan acaranya.

Teks MC Isra Mi'raj 2023 bahasa sunda ini, bisa dijadikan bahan referensi saat menjadi mc atau pembawa acara di lingkungan masyarakat atau sekolah.

Bagi masyarakat sunda, kegiatan Isra Mi'raj ini sering disebut Rajaban.

Baca Juga: Contoh Teks Pidato Isra Mi'raj 2023 Singkat, Bisa untuk Lomba di Sekolah atau di Pesantren

Pada kegiatan tersebut, MC memiliki peran penting untuk mengatur jalannya acara, sehingga persiapan harus matang terutama mempersiapkan teks MC Isra Mi'raj 2023 dalam bahasa sunda.

Dirangkum mantrasukabumi.com dari berbagai sumber, inilah teks MC Isra Mi'raj 2023 dalam bahasa sunda lengkap dengan susunan acaranya.

Teks MC atau Pembawa Acara Isra Miraj Bahasa Sunda di Sekolah

Nu dipikahormat kepala sakola .....
Abdi hormat Bapak/Ibu pembina siswa.....
Anu ku simkuring dipikahormat Bapak sareng Ibu guru Sareng sadaya rerencangan anu dipikacinta

Alhamdulillah robbil ‘alamin washolatu wassalaamu ‘alaa asyrofil anbiyai wal mursalin sayyidina wamaulana muhammadin wa’ala alihi wa shohbihi ajma’in, amma ba’du

Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka hadirat Allah SWT. Kusabab limpahan rahmat, taufiq sareng hidayah-Na ka urang sadaya, sahingga dina dinten nu pinuh ku kaberkahan urang sadaya tiasa riung mungpulung dina raraga mieling Isra Mi'raj Nabi Muhammad SAW dina kaayaan sehat wal'afiat.

Baca Juga: Isra Misraj 2023 Tanggal Berapa? Amalkan Doa Singkat Ini Jelang Peristiwa Besar di Bulan Rajab

Kadua, shalawat sinareng salam salamina dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya Nabi Muhammad SAW anu parantos maparin pituduh ka urang tina jalan anu poek nuju jalan anu terang, nyaeta dinul islam.

Ka kulawargina, ka para sohabatna, ka para tabiin sareng tabiatna, tur mugia dugi ka urang sadaya salaku umatna.

Para tamu anu dipikahormat,

Dina kasempetan ieu simkuring kaoapancénan tugas janten panyatur acara atanapi MC, ku kituna dina kasempetan ieu simkuring nyuhunkeun widi kanggo medarkeun susunan acara Isra Miraj:

1. Bubuka
2. Ngaoskeun ayat suci Al-quran
3. Sambutan-sambutan
4. Acara Inti
5. Pengumuman juara lomba
6. Hiburan Islami
7 Doa jeung nutup

Supados teu nyangkolang teuing kana waktos, hayu urang buka ieu acara Isra Miraj ku ngucap basmalah sasarengan, Bismillahirrahmanirrahim...

Baca Juga: Bacaan Doa Khusus di Bulan Rajab: Allahumma Bariklana Fi Rajaba Wa Sya'bana, wa Ballighna Ramadhana

Acara anu kadua, nyaeta maos ayat-ayat suci Al-Qur’an anu baris didugikeun ku (.....) ka anjeuna dihaturanan.

Shadaqallahul adzim,
Hatur nuhun ka (....) anu parantos maoskeun ayat-ayat suci Al-Qur’an, mugia ku maos ayat-ayat Al-Qur’an ieu tiasa ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan urang ka Allah anu Maha Kawasa.

Acara saterusna, nyaéta sambutan
Sambutan kahiji bakal ditepikeun ku ketua panitia acara Isra Miraj anu bakal ditepikeun ku (.....) salaku ketua panitia sakaligus ketua OSIS, sumangga dihaturanan.

Sambutan saterasna bade ditepikeun ku kapala sakola sakaligus muka ieu acara Isra Miraj sacara resmi, ka Bapak (....) sumangga dihaturanan.

Hatur nuhun ka Bapak Kepala Sakola (.....) anu parantos masihna sambutan sareng ngabuka ieu acara Isra Miraj.

Sumangga urang teraskeun kana acara anu ka-4, nyaeta tausiyah anu bade didugikeun ku Bapak KH. (....) pimpinan Pondok Pesantren (....)

Ku kituna, hayu urang siapkeun pikiran jeung haté kanggo ngaregepkeun élmu pangaweruh anu baris ditepikeun ku anjeuna, ka Bapak KH (....) sumangga dihaturanan.

Jazakumullah Khairan katsiran kana elmu anu parantos didugikeun.

Mudah-mudahan naon anu ditepikeun tiasa janten piwuruk sakaligus piwejang sangkan urang tiasa langkung paham kana makna Isra’ Mi’raj Nabi Muhammad SAW.

Baca Juga: Niat Puasa 27 Rajab 1444 H dalam Tulisan Arab, Latin dan Artinya Lengkap Hukum dan Ketentuannya

Acara satuluyna nya éta pangumuman juara lomba miéling Isra Miraj anu diayakeun ku OSIS.

Acara salajengna nyaéta hiburan Islami hadrah, puisi, jeung tembang-tembang religi anu baris dipintonkeun ku wawakil kelas.

Alhamdulillah tos dugi ka agenda akhir nyaeta do'a sareng panutup. Sumangga urang tutup acara Isra Miraj ieu ku maos doa kifaratul majlis sasarengan.

Ti awal dugi ka akhir, sim kuring salaku MC atanapi pembawa acara, nyuhunkeun dihapunten upami aya kalepatan kecap sabab simkuring masih dina tahap diajar.

Wabillahi taufiq wal hidayah
Wassalamu'alaikum Wr. Wb

Demikian contoh teks MC Isra Miraj bahasa Sunda di sekolah atau pesantren yang singkat, padat dan jelas untuk dijadikan sebagai referensi.***

Editor: Ade Saepul Akbar

Tags

Terkini

Terpopuler