Teks MC Peringatan Isra Mi'raj 1444 H dalam Bahasa Sunda, Lengkap Susunan Acara

14 Februari 2023, 10:00 WIB
Ilustrasi. Teks MC Peringatan Isra Mi'raj 1444 H dalam Bahasa Sunda, Lengkap Susunan Acara /Mantra Sukabumi /Pexels.com/pixabay

MANTRA SUKABUMI - Inilah contoh teks MC pembawa acara peringatan Isra Mi'raj 1444 H dalam bahasa sunda.

Contoh teks MC Isra Mi'raj Pembawa acara dalam bahasa sunda ini dapat digunakan sebagai bahan referensi.

Mengingat umat muslim saat peringati Isra Mi'raj 27 Rajab 1444 H, pasti akan mengadakan berbagai acara mulai dari tausiyah, lomba dan masih banyak lagi.

Baca Juga: Teks MC Isra Mi'raj 2023 dalam Bahasa Sunda, Lengkap dengan Susunan Acaranya

Dirangkum mantrasukabumi.com dari berbagai sumber, inilah teks MC atau pembawa acara Isra Mi'raj 1444 H dalam bahasa sunda.

Contoh teks MC Isra Mi'raj 1444 H Bahasa Sunda

Bismillahirrahmanirrahim

Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

الْحَمْدُ لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِينَ، وَبِهِ نَسْتَعِيْنُ عَلَى أُمُورِ الدُّنْيَا وَالدِّينِ، وَالصَّلاَةُ وَالسَّلاَمُ عَلىَ أَشْرَفِ الـمُرْسَلِينَ وَعَلىَ آلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْـمَـعِينَ، أَمَّا بَعْدُ

Alhamdulillahirobbil ‘alamin wabihi nasta'inu 'alaa umuuriddunya waddiin, wassholatu wassalamu ‘alaa asrofil anbiya ii wal mursalin sayyidina muhammadin, wa’ala alihi wa ashabihi ajmain.

Sampurasun, langkung ti payun widian simkuring ngadugikeun hatur séwu nuhun kana saniskanten perhatosan Bapa Pupuhu (Nama sakola/pesantren/jst).

Anu ku simkuring dipihormat, Bapa Ustad (Nama Ustad) Anu ku simkuring dipihormat, Bapa/Ibu guru anu ku simkuring dipihormat, sarta réréncangan sadaya anu ku simkuring dipikadeudeuh.

Tipayun hayu urang sami-sami manjatkeun puja-puji ka dzat Allah anu Maha Kawasa, sinareng syukur ka dzat Allah anu Maha Ghafur. kalayan nikmat ti Allah urang sadaya tiasa kumpul mungpulung, patepang raray dina raraga kagiatan Isra Mi’raj Nabi Muhammad SAW 1444 H/2023 M.

Solawat miwah salam mugi tetep ngocor ka jungjunan urang sadaya, Kangjeng Nabi Muhammad SAW, sarta ka kulawargina, sohabatna, tug dugi ka urang salaku umatna dugi ka dinten kiamah. Amiin yaa robbal alamin....

Simkuring ngadég di payuneun hadirin sadaya wiréh kapancénan salaku panata acara badé ngadugikeun sababaraha acara Isra Mi'raj anu baris kasanggakeun, nya éta di antawisna :

1. Bubuka (Maca basmallah)
2. Maos ayat suci Al-Qur’an dilajeungkeun solawat nabi
3. Laporan ti Ketua Panitia Pelaksana
4. Pamapag ti Bapa Pupuhu sakola
5. Taushiyah ti ustad (nama ustad)
6. Doa/Panutup

Hadirin sadaya anu ku simkuring dipihormat supados teu nyangkolong kana waktos, sumangga ieu urang sasarengan buka acara Isra Mi'raj 1444 H maos basmalah.

(Bismillahirrahman nirrahim..)

Acara kadua, maos ayat suci Al-Qur’an dilajeungkeun mingpin solawat nabi. Ka Sadérék (Nama pembaca alqur’an) mangga dihaturanan.

(Maos ayat suci alqur’an sarta solawat nabi)

Acara selanjutna nyeta nu katilu, laporan Pupuhu Panitia Pelaksana. Ka Sadérék (nama ketua panitia) mangga dihaturanan ka payun.

Baca Juga: Contoh Teks MC Peringatan Maulid Nabi Muhammad SAW 1444 Hijriah di Masjid Lengkap Dengan Susunan Acara

(Laporan ketua panitia)

Hatur nuhun ka Sadérék (Nama ketua panitia) anu parantos ngadugikeun laporanana.

Nincak kana acara ka opat, pamapag ti Bapa pupuhu (Nama tempat acara) Ka Pangersa Bapa (Nama kepala sekoah/jst), waktos sinareng tempat disayogikeun.

(Pamapag dari kepala sekolah)

Hatur nuhun ka kersana Bapa (Nama kepala sekolah), anu parantos ngadugikeun pamapagna.

Acara salajengna nyaeta acara inti atawa nu kalima, nya éta taushiyah ti Bapa Ustad (Nama ustad), Sumangga Bapa (Nama ustad), waktos sinareng tempat disayogikeun.

(Taushiyah)

Hatur nuhun ka kersana Bapa Ustad (Nama ustad) anu parantos ngadugikeun taushiyahna, mugi-mugi ilmuna berkah jeung urang sadaya.

Nincak kana acara nu terakhir, nya éta panutup atawa doa, nu ieu baris dipingpin ku Bapa Ustad (Nama ustad). Sumangga Bapa Ustad (Nama ustad), dihaturanan kanggo mingpin doa.

(Maca do’a)

Hatur nuhun ka kersana Bapa Ustad (Nama ustad), anu parantos mingpin do’a ti kesempatan acara Isra Mi'raj 1443 H ieu.

Mugia do’a urang sadaya di kobul ku Allah SWT. Aamiin. Sumangga ieu acara urang pungkas ku aosan hamdalah babarengan.

(Alhamdulillahirabbil‘alamin)

Sim kuring ngahaturkaeun nuhun ka réngréngan panitia anu parantos ngabantosan tina sagala rupi hal pikeun ngalancarkeun acara ieu.

Hapunten kasadayana bilih aya basa anu kirang merenah.

Ashikum nafsi waiyyaya bitaqwallah. Akhirul kalam, billahi taufik walhidayah wassalamu’alaikum warohmatullah wabarokatuh.***

Editor: Ade Saepul Akbar

Tags

Terkini

Terpopuler