يَا أَيُّهَا النَّاسُ أُوْصِيْكُمْ وَإِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ.
قَالَ تَعَالَى: يَا أَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوا اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنتُمْ مُّسْلِمُوْنَ.
Baca Juga: Contoh Khutbah Idul Fitri 2022 Terbaru dengan Tema Saling Memaafkan dan Peduli dalam Kesulitan
Allahu akbar 3x wa lillahil hamd,
Durugdugna sora bedug, awor jeung seahna sora-sora munajat, ungkapan-ungkapan ngagungkeun asma Alloh anu Maha Kawasa, ku ucapan Takbir, Tahmid, Tasbih, jeung liana, anu teu kendat-kendat ti tadi peuting, ngagambarkeun rasa kabungah anu taya papadana, mudah-mudahan sing jadi tanda syukur ka Alloh swt, sakumaha ungkapan Hukama:
مَنْ لَمْ يَشْكُرِ النِّعَمَ فَقَدْ تَعَرَّضَ لِزَوَالِهَا وَمَنْ شَكَرَهَا فَقَدْ قَيَّدَهَا بِعِقَالِهَا.
“Jalma nu teu daek syukur ni’ mat sarua jeung nangtang leungitna ni’mat, tapi lamun syukur ni’ mat maka eta sarua jeung nyangcang ni’mat anu moal leupas deui.”
Tina rengse urang ngalaksanakeun ibadah puasa sabulan campleng lilana, saterusna pidawuhna dina surat Al-Baqoroh ayat 185.
وَلِتُكْمِلُواالْعِدَّةَ وَلِتُكَبِّرُوااللهَ عَلَى مَا هَدَاكُمْ وَلَعَلَّكُمْ تَشْكُرُونْ.
"Pek sampurnakeun ku aranjeun itungan bulan Romadlon, sarta dimana geus sampurna sabulan, pek baca Takbir, agungkeun Alloh tina sabab Mantenna tos mere hidayah ka aranjeun, sangkan aranjeun syukur.“