Teks MC Peringatan Isra Mi'raj 1444 H dalam Bahasa Sunda, Lengkap Susunan Acara

- 14 Februari 2023, 10:00 WIB
Ilustrasi. Teks MC Peringatan Isra Mi'raj 1444 H dalam Bahasa Sunda, Lengkap Susunan Acara
Ilustrasi. Teks MC Peringatan Isra Mi'raj 1444 H dalam Bahasa Sunda, Lengkap Susunan Acara /Mantra Sukabumi /Pexels.com/pixabay

Alhamdulillahirobbil ‘alamin wabihi nasta'inu 'alaa umuuriddunya waddiin, wassholatu wassalamu ‘alaa asrofil anbiya ii wal mursalin sayyidina muhammadin, wa’ala alihi wa ashabihi ajmain.

Sampurasun, langkung ti payun widian simkuring ngadugikeun hatur séwu nuhun kana saniskanten perhatosan Bapa Pupuhu (Nama sakola/pesantren/jst).

Anu ku simkuring dipihormat, Bapa Ustad (Nama Ustad) Anu ku simkuring dipihormat, Bapa/Ibu guru anu ku simkuring dipihormat, sarta réréncangan sadaya anu ku simkuring dipikadeudeuh.

Tipayun hayu urang sami-sami manjatkeun puja-puji ka dzat Allah anu Maha Kawasa, sinareng syukur ka dzat Allah anu Maha Ghafur. kalayan nikmat ti Allah urang sadaya tiasa kumpul mungpulung, patepang raray dina raraga kagiatan Isra Mi’raj Nabi Muhammad SAW 1444 H/2023 M.

Solawat miwah salam mugi tetep ngocor ka jungjunan urang sadaya, Kangjeng Nabi Muhammad SAW, sarta ka kulawargina, sohabatna, tug dugi ka urang salaku umatna dugi ka dinten kiamah. Amiin yaa robbal alamin....

Simkuring ngadég di payuneun hadirin sadaya wiréh kapancénan salaku panata acara badé ngadugikeun sababaraha acara Isra Mi'raj anu baris kasanggakeun, nya éta di antawisna :

1. Bubuka (Maca basmallah)
2. Maos ayat suci Al-Qur’an dilajeungkeun solawat nabi
3. Laporan ti Ketua Panitia Pelaksana
4. Pamapag ti Bapa Pupuhu sakola
5. Taushiyah ti ustad (nama ustad)
6. Doa/Panutup

Hadirin sadaya anu ku simkuring dipihormat supados teu nyangkolong kana waktos, sumangga ieu urang sasarengan buka acara Isra Mi'raj 1444 H maos basmalah.

(Bismillahirrahman nirrahim..)

Acara kadua, maos ayat suci Al-Qur’an dilajeungkeun mingpin solawat nabi. Ka Sadérék (Nama pembaca alqur’an) mangga dihaturanan.

Halaman:

Editor: Ade Saepul Akbar


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah