Contoh Teks Pidato Bulan Syaban 2023 dalam Bahasa Sunda: Hikmah Dibalik Nama Syaban

- 21 Februari 2023, 09:35 WIB
Ilustrasi. Inilah contoh teks pidato menyambut bulan Syaban 2023 dalam bahasa sunda.
Ilustrasi. Inilah contoh teks pidato menyambut bulan Syaban 2023 dalam bahasa sunda. /Mantra Sukabumi /FreeImages

Sholawat sinareng salam, mugi-mugi tetep kacurahkeun ka junjungan nabi urang sadaya Muhammad SAW, dimana anu parantos nunjukkeun urang ti jalan anu poék ka jalan anu caang. Ku kituna ogé sami-sami urang ngaharepkeun syafaatna engkin di yaumil qiyamah. Amiin.

Hadirin, nu kusimkuring dipikahormat.

Dina pidato singket ieu, simkuring badé medarkeun sakedik ngenaaan kana harti sareng hikmah dibalik nami bulan rajab, sya’ban, sareng ramadhan. Sabab seueur diantara urang anu ngamangpaatkeun bulan-bulan ieu pikeun menangkeun jalan sareng kahadéan.

Dina salah sahiji hadis ogé pernah diterangkeun, yén bulan rajab téh mangrupakeun bulan keur urang melak kahadéan, sya’ban nyaéta bulan keur urang nyiramanana, sareng ramadhan nyaéta bulan dimana urang tiasa manén tina kahadéan hirup.

Hadirin, nu kusimkuring dipikahormat.

Nu kahiji nyaéta naon hikmah dibalik bulan rajab téh? Bulan Rajab dicandak dina kecap rojaba, (ارجبوعن القتال بمعنى كفوا عنه), nu ngabogaan makna adhim (agung), hal ieu disababkeun da harita mah bangsa Arab téh ngagungkeun pisan kana bulan rajab, sapertos henteu ngalakukeun peperangan dina bulan ieu.

Salian éta, bulan Rajab ogé ngagaduhan dua sebutan, nyaéta al-Aṣab (pencurahan) sareng al-Asham (tuli). Disebutkeun al-Ashab sabab dina bulan ieu mah rahmat téh turun ka umat nabi Muhammad SAW. Sedengkeun disebut al-Aṣam sabab dina bulan ieu kapungkur mah teu aya atawa teu kadéngé suara peperangan jeung sora pedang.

Salajengna nyaéta nu kadua, bulan Sya’ban. Di tilik tina cariosan syeikh Abdurrazaq as-Sa’di, dipasihan nami Sya’ban téh sabab harita mah sadaya kabilah Arab papencar jeung papisah sabot peperangan, sateu acan saméméhna nyicing teu kamana-mana, sabab diharamkeun ngalakukeun perang di bulan Rajab téh.

Baca Juga: 23 Link Twibbon Tema Isra Miraj 2023 Terbaru Bingkai Foto Gambar Tulisan juga Ada, Yuk Download Disini

Sami halna sareng bulan Rajab, bulan Sya’ban ogé ngabogaan sesebutan, nyaéta sok disebut bulan al-Qaṣir nu hartina éta singket atawa péndék. Hal ieu mereun disababkeun kalobaan manusa ngadago-dago datangna bulan suci Ramadan nu datang saparantos bulan Sya’ban.

Halaman:

Editor: Ade Saepul Akbar


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah