Contoh Teks Khutbah Idul Fitri 2023 Bahasa Sunda Paling Sedih dan Menyentuh Hati, Tema: 3 Makna Idul Fitri

- 18 April 2023, 11:00 WIB
Ilustrasi. Contoh Teks Khutbah Idul Fitri 2023 Bahasa Sunda Paling Sedih dan Menyentuh Hati, Tema: 3 Makna Idul Fitri
Ilustrasi. Contoh Teks Khutbah Idul Fitri 2023 Bahasa Sunda Paling Sedih dan Menyentuh Hati, Tema: 3 Makna Idul Fitri /Pexels/chattrapal

MANTRA SUKABUMI- Berikut ini contoh teks khutbah Idul Fitri 2023 paling sedih dan menyentuh hati dengan tema 3 makna idul fitri.

Isi teks khutbah Idul Fitri yang menyentuh hati memang sangat cocok disampaikan ketika pelaksanaan sholat ied.

Diketahui, teks khutbah Idul Fitri menyentuh hati dapat melunakan hati para jemaah serta dapat memberikan muhasabah kepada dirinya sendiri.

Baca Juga: Contoh Khutbah Idul Fitri 2023 dalam Bahasa Sunda Terbaik dan Menyentuh Hati

Sehingga dapat memberikan intropeksi diri mengenai pelaksanaan ibadah puasa sebelumnya apakah sudah sesuai dengan kaidah agama islam.

Selain itu, ada yang perlu dipahami bahwa mengenai makna idul fitri itu sendiri.

Dirangkum mantrasukabumi.com dari berbagai sumber pada Selasa, 18 April 2023, berikut ini contoh teks khutbah Idul Fitri 2023 paling sedih dan menyentuh hati, tema: 3 makna Idul Fitri.

Tema: 3 Makna Idul Fitri

Assalamu’alaikum Wr.Wb.

Takbir 9x

اَلله أَّكْبَرْ كَبِيْرَا وَالْحَمْدُ لِلهِ كَثِيْرًا وَسُبْحَانَ الله بُكْرَةً وَأَصِيْلًا لَاإلَهَ إلَّا اللُهُ وَحْدَهُ صَدَقَ وَعْدَهُ وَنَصَرَ عَبْدَهُ وَأَعَزَّ جُنْدَهُ وَهَزَمَ الْأَحْزَاْبَ وَحْدَهُ اَلْحَمْدُ لِلهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ وَالْعَا قِبَةُ لِلْمُتَّقِيْنَ وَلَا عُدْ وَاْنَ إِلَّا عَلَى الْظَّالِمِيْنَ أَشْهَدُ أَنْ لَاِالَهَ إِلَّااللهُ اَلْمَلِكُ الْحَقُّ الْمُبِيْنَ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ صَادِقُ الْوَعْدِ الْأَ مِيْنَ اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى أَلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِيْنَ اَمَّا بَعْدُ فَيَاأَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ أُوْصِيْكُمْ وَإِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْفَازَالْمُتَّقُوْنَ قَالَ اللهُ تَعَلَى فِىْ الْقُرْأَنِ الْكَرِيْمِ أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ بِسْمِ اللهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْمِ فَأَقِمْ وَجْهَكَ لِلدِّينِ حَنِيفًا فِطْرَتَ اللهِ الَّتِي فَطَرَ النَّاسَ عَلَيْهَا لاَتَبْدِيلَ لِخَلْقِ اللهِ ذَلِكَ الدِّينُ الْقَيِّمُ وَلَكِنَّ أَكْثَرَ النَّاسِ لاَيَعْلَمُونَ

Allâhu akbar 3x walillâhi al-hamd!

Hadirin Rahimakumullah!

Sugrining puji anu sampruna, sareng pangalem sagemlengna, eta tetep kagungan Allah Swt., anu mikawelas ka abdi-abdina anu ngaluhurkeun darajat jalma anu bakti ka Anjeuna.

Shalawat kalih salam anu utami, muga tetep ka pang afdhal-afdhalna jalmi, Nabi terakhir Rasul panutup, anu kaceluk ka awun-awun kakocap ka janabria, Nabi Muhammad Saw, ka kulawargina, ka sahabatna, katut ka sadaya umatna anu taat tumut kana ajaran mantena.

Allâhu akbar 3x walillâhi al-hamd!

Baca Juga: Amalan Pengundang Rezeki di Bulan Ramadhan Mulai dari Sedekah hingga Perbanyak Bersyukur

Hadirin Rahimakumullâh!

Muji Syukur kanu Maha Agung, Alhamdulillâh urang tiasa tepang deui sareng Idul Fitri tahun ieu, sab’ada nagalaksanakeun shaum kalih ibadah-ibadah sanesna dina sasasih lamina.

Pamugi sanes kanten ibadah urang kenging ganjaran anu berlipat ganda mungguhing Allah Swt..

Naon atuh ari Idul Fitri teh?

Id hartosna balik Fitri hartosna kasucian. Janten, Idul Fitri hartosna balik kana kasucian. Kasucian anu mana?

Kasucian anu sifatna azaliyah. Sabab, sadaya jalma anu kumelenang di alam dunya asalna suci. Allah Swt. kantos naros ka urang di zaman azali; “Alastu birobbikum; Naha ari Kaula teh lain pangeran aranjeun?”. Urang sadaya ngajawab: “Balâ Syahidnâ; Kantenan, abdi sadaya nyaksi, Gusti teh Pangeran Abdi”.

Singketna, Idul Fitri teh balik kana fithrah azali, madep ka Allah. Henteu lanca-linci luncat mulang udar tina tali gadang. Naon margina? Sabab Allah marentahkeun supaya urang istiqomah madep kalayan balik ka Allah Swt. Dawuhan Alloh dina Surat Ar-Rûm [30] ayat 30:

فَاَقِمْ وَجْهَكَ لِلدِّيْنِ حَنِيْفًاۗ فِطْرَتَ اللّٰهِ الَّتِيْ فَطَرَ النَّاسَ عَلَيْهَاۗ لَا تَبْدِيْلَ لِخَلْقِ اللّٰهِ ۗذٰلِكَ الدِّيْنُ الْقَيِّمُۙ وَلٰكِنَّ اَكْثَرَ النَّاسِ لَا يَعْلَمُوْنَۙ


Allahu akbar 3x walillahi al-hamd!

Hadirin Rahimakumullâh!

Naon anu dimaksad Fithrah dina ayat eta? Allah dina ayat eta keneh ngajelaskeun, ذلك الدين القيم dzâlikad dînul qayyimu; hartosna agama anu ajeg, agama anu lurus. Janten atuh simpulna, Idul Fitri teh hakekatna balik kana aturan agama Allah Swt. Jadi naon wae urang, pakasaban naon wae nu digarap ku urang, sadayana luyu akur sareng aturan agama Allah. Agama anu diwangun ku tilu rukun; nyaeta Imân, Islâm, kalih Ihsân. Atuh lamun kitu mah, Idul Fitri nuntut ka urang sadaya supaya janten jalmi Mu’min, Muslim, kalih Muhsin.

Baca Juga: Niat Sholat, Doa dan Amalan Lailatul Qodar Malam ke 27 Ramadhan 1444 H

Allahu akbar 3x walillahi al-hamd!

Hadirin Rahimakumullâh!

Makna Idul Fitri anu kadua, i’âdatul qalbi min al-ghaflati ilâ dzikrillâh. Balikna manah urang tina ghoflah kana dzikrullah. Tina poho kana eling. Naon Ari Ghoflah? Dina Kitab Fadhâilus Syuhûr Li Thalabi al-Ridlâ Rabbi al-Ghafûr halaman 13 disebatkeun:

أَلْغَفْلَةُ هِيَ مُتَاْبَعَةُ النَّفْسِ عَلَى مَا تَشْتَهِيْهِ وَمُتَاْبَعَةُ الشَّيْطَانِ لِأَنَّهُ يَجْرِيْ عَلَى

​​​​​​​Hartosna: “Ghoflah teh nuturkeun kahayang nafsu jeung nuturkeun syetan anu bergerak nuturkeun aliran getih manusa”.

Naon ari bahaya ghoflah? أَلْغَفْلَةُ تُوْرِثُ الْقَسْوَةُ ghoflah teh nyababkeun TEUAS HATE. Upami hate tos teuas, maka jalmi bakal hirup sasar sasasar-sasarna. Dawuhan Allah dina Surat Az-Zumar [39] ayat 22:

اَفَمَنْ شَرَحَ اللّٰهُ صَدْرَهٗ لِلْاِسْلَامِ فَهُوَ عَلٰى نُوْرٍ مِّنْ رَّبِّهٖ ۗفَوَيْلٌ لِّلْقٰسِيَةِ قُلُوْبُهُمْ
مِّنْ ذِكْرِ اللّٰهِ ۗ اُولٰۤىِٕكَ فِيْ ضَلٰلٍ مُّبِيْنٍ

​​​Hartosna: “Cilaka pikeun jalm-jalma anu Teus Hate, sabab teu eling ka Allah. Maranehna aya dina kasasaran anu nyata”.​​​​​​​

Numawi, nagalangkungan Idul Fitri, hayu urang balikkeun manah urang tina ghoflah kana dzikrullah. Upami manah urang tos leleb anteb dina dzikrullah, Numutkeun Syaikh Junaid Al-Baghdadi hasilna SHOFAUL QOLBI atanapi BERSIH ATI CAANG MANAH.

Baca Juga: Niat Sholat Idul Fitri 2023 untuk Makmun Lengkap Tata Cara Pelaksanaannya

Allahu akbar 3x walillahi al-hamd!

Hadirin Rahimakumullah!

Makna Idul Fitri anu katilu, i’âdatus Sirri min asy-syirki ilâ at-tawhîd. Balikna Sirr kayakinan urang tina syirik kana tauhid. Balik tina midua Allah kana kayakinan tauhid, yen Allah tempat sagala pamundut urang, tempat nyalindung urang.

Sanes nyalindung ka gunung, sanes muja ka sagara. Estuning Allah dasar kayakinan sareng tujuan amal perjuangan. Salajengna, hayu urang nitenan ayat 7 Surat Al-Insyirah:
فَاِذَا فَرَغۡتَ فَانۡصَبۡۙ

Ayat ieu singket tapi padet. Allah ngajarkeun ka urang supaya saenggalna nagalaksanakeun kegiatan anu sanes, upami rengse tina hiji kegiatan.

Numawi, saparantos shaum dugika ayeuna Idul fitri, hayu urang teraskeun sumanget Ramadhan. Sumanget Tadarus, berjamaah, shodaqoh, sareng anu sanesna.

Ulah dugika, rengse Ramadhan tepang Idul Fitri, rengse sagala-galana. Margi di antawis ciri jalmi anu rugi, di mana Ramdahan tos rengse, sagala-galana rengse, anu akhirna teu kenging pangampura Allah Swt.. Dawuhan Kangjeng Rasul:

وَرَغِمَ أَنْفُ رَجُلٍ دَخَلَ عَلَيْهِ رَمَضَانُ ثُمَّ انْسَلَخَ قَبْلَ أَنْ يُغْفَرَ لَهُ
Hartosna: “Kalintang Rugi sareng hina hiji jalmi, di mana Ramadhan datang ka manehna, sabada Ramadhan rengse, dosana teu dihampura ku Alloh”. (H.R. Tirmidzi).​​​​​​​

Allahu akbar 3x walillahi al-hamd!

Hadirin Rahimakumullah!

​​​​​​​Hayu urang ngadua ka Allah, mudah-mudahan ku sumpingna Idul Fitri, jasad urang balik tina maksiat kana thoat, manah urang balik tina ghoflah kana dzikrullah, kayakinan urang balik tina Syirik kana tauhid. Amin ya Rabbal ‘alamin.

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ

Calik antara dua Khutbah
Dilajengkeun kana Khutbah Kadua
Takbir 7x

اَلله أَّكْبَرْ كَبِيْرَا وَالْحَمْدُ لِلهِ كَثِيْرًا وَسُبْحَانَ الله بُكْرَةً وَأَصِيْلًا لَاإلَهَ إلَّا اللُهُ وَحْدَهُ صَدَقَ وَعْدَهُ وَنَصَرَ عَبْدَهُ وَأَعَزَّ جُنْدَهُ وَهَزَمَ الْأَحْزَاْبَ وَحْدَهُ اَلْحَمْدُ لِلهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ وَالْعَا قِبَةُ لِلْمُتَّقِيْنَ وَلَا عُدْ وَاْنَ إِلَّا عَلَى الْظَّالِمِيْنَ أَشْهَدُ أَنْ لَاِالَهَ إِلَّااللهُ اَلْمَلِكُ الْحَقُّ الْمُبِيْنَ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ صَادِقُ الْوَعْدِ الْأَ مِيْنَ اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى أَلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِيْنَ أَمَّ بَعْدُ فَيَاأَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ أُوْصِيْكُمْ وَإِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الَمُتَّقُوْنَ قَالَ اللهُ تَعَلَى فِىْ الْقُرْأَنِ الْكَرِيْمِ أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ بِسْمِ اللهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْمِ إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّونَ عَلَى النَّبِيِّ يَآأَيُّهَا الَّذِينَ ءَامَنُوا صَلُّوا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوا تَسْلِيمًا أَللَّهُمَّ أَمِيْن يَا رَبَّ الْعَالَمِيْنَ أَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ اَلْأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْأَمْوَاتِ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعْوَاتِ بِرَحْمَتِكَ يَاأَرْحَمَ الرَّاْحِمِيْنَ أَللَّهُمَّ تَقَبَّلْ مِنَّا صَلَاتَنَا وَصِيَامَنَا وَقِيَامَنَا وَرُكُوْعَنَا وَسُجُوْدَنَا وَتَسْبِيْحَنَا وَتَحْمِيْدَنَا وَتَحْلِيْلَنَا وَتَكْبِيْرَنَا وَتَعَبُّدَنَا وَتَخَشُّعَنَا وَتَضَرُّعَنَا وَتَمِّمْ تَقْصِيْرَنَا يَاإِلَهَ الْعَالَمِيْنَ أَللَّهُمَّ اجْعَلْنَا مِنَ الْعَا ئِدِيْنَ وَالْفائِزِيْنَ وَصَلَّى اللهُ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى أَلِهَ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِيْنَ رَبَّنَا أَتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الْأَخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَاْبَ النَّار وَالْحَمْدُ لِلهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ

Wilujeng boboran shiyam, Wilujeng Idul Fitri 1443 H, Hapunten Lahir Bathin. Minal ‘Aidin wal Faizin. Amin Ya Rabbal ‘Alamin.

Wassalamu’alaikum Wr.Wb.***

 

Editor: Ade Saepul Akbar

Sumber: Berbagai Sumber


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah