Contoh Biantara Bahasa Sunda Tema Kebersihan Singkat dan Jelas, Bisa untuk Referensi Tugas Sekolah

- 16 Agustus 2022, 06:38 WIB
Bisa dijadi referensi untuk tugas sekolah, berikut ini contoh teks biantara dengan tema kebersihan dalam Bahasa Sunda.
Bisa dijadi referensi untuk tugas sekolah, berikut ini contoh teks biantara dengan tema kebersihan dalam Bahasa Sunda. /*/Pixabay/mohammed_hassan./

Langkung ti payun hayu urang sami-sami panjatkeun puji kalih syukur ka hadirat Allah SWT, nu mana mantena parantos masihan ka urang sadaya mangpirang-pirang kanikmatan ka urang sadaya.

Ku nikmat eta, Alhamdulillah urang sadaya tiasa kumpul ngariung paamprok jonghok kalayan sehat di ieu majelis nu insha Allah di mulyakeun ku Allah.

Shalawat sinareng salam mugia tetep dilelerkeun ka junjunan urang sadaya, Habibana wanabiyana Muhammad SAW, kulawargina, para sohabatna dugi ka urang sadaya salaku umatna dugi ka akhir zaman. Aamiin ya Robbal ‘alamiin.

Baca Juga: Contoh Biantara Bahasa Sunda Bisa Dibaca untuk Momen Peringatan 17 Agustus atau Tugas Sekolah

Hadirin Rahimakumullah,

Dina kasempetan ieu simkuring bade ngadugikeun hiji perkara anu kacida pentingna dina kahirupan urang, nyaeta pentingna ngajaga kabersihan lingkungan.

Allah SWT mikaresep jalmi anu getol ngajagi kabersihan. Nepika dina hiji hadits di sebatkeun “Kabersihan teh sabagian tina iman”.

Nu hartosna, lamun urang teu resep kana kabersihan, iman urang kudu janten patarosan. Naha bener urang teh jalmi anu iman?

Jalmi nu bener-bener iman mah tangtu wae resep ngalakonan sagala perkara nu ku Allah di pikaresep.

Kusabab kitu, hayu urang sami-sami jagi kabersihan ti mimiti awak sorangan.

Halaman:

Editor: Encep Faiz


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah