Teks Pidato Bahasa Sunda Tentang Isra Mi'raj Nabi Muhammad 1444 H, Singkat dan Padat

24 Januari 2023, 12:00 WIB
Teks Pidato Bahasa Sunda Tentang Isra Mi'raj Nabi Muhammad 1444 H, Singkat dan Padat /Mantra Sukabumi /Pixabay/Beingboring.

MANTRA SUKABUMI - Berikut ini adalah contoh teks pidato atau ceramah dalam Bahasa Sunda terbaru 2023, tentang Isra Mi'raj Nabi Muhammad 1444 H yang singkat dan padat.

Teks pidato Bahasa Sunda tentang Isra Mi'raj Nabi Muhammad 1444 H ini, bisa dijakdikan sebagai bahan referensi dalam membuat teks ceramah atau lomba pidato bahasa sunda.

Biasanya peringatan Isra Mi'raj Nabi Muhammad 1444 H, terdapat berbagai kegiatan, contohnya ceramah atau lomba pidato.

Baca Juga: Paling Lengkap! 4 Contoh Susunan Acara Peringatan Isra Mi'raj 2023 di Sekolah atau Masjid

Isra Mi’raj adalah salah satu peristiwa agung Nabi Muhammad SAW dari Masjidil Haram ke masjidil Aqsa dan perjalanan ke langit yang dilakukan dalam satu malam.

Dirangkum mantrasukabumi.com dari berbagai sumber, inilah teks pidato Bahasa Sunda tentang Isra Mi'raj Nabi Muhammad 1444 H.

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Langkung tipayun hayu urang sami-sami panjatkeun puji sinareng syukur ka mantenna Allah rabbul ghafur. Numana mantenna parantos masihan ka urang sadaya mangpirang-pirang kanikmatan nu moal tiasa kaetang jumlahna.

Shalawat sinareng salam mugia tetep dilelerkeun ka junjungan urang sadaya, Rasul mulya Habibana wanabiyana Muhammad SAW. Mugia urang sadaya kenging syafaat na di yaumul akhir. Aamiin ya robbal alamin.

Dina raraga mieling Isra' Mi'raj ieu, Simkuring bakal nyandak hiji judul nyaeta Isra' Mi'raj Kejadian Luar Biasa.

Hadirin Rahimakumullah

Isra' Mi'raj teh mangrupa kajadian di luar nalar manusa. Kajadian anu nembongkeun kakawasaan Allah SWT ka umat manusa.

Tina kajadian Isra' Mi'raj ieu Nabi Muhammad SAW nyandak oleh-oleh kanggo umatna. Hiji perkara anu janten pedoman jiwa sareng laku lampah urang. Nyaeta sholat.

Sholat anu dilaksanakeun ku urang unggal dinten teh mangrupa produk Isra' Mi'raj.

Wajib urang hukumna ngalaksanakeun sholat. Solat ngajauhkeun urang tina pagawean keji sareng mungkar.

Sakumaha dina hadits anu hartina "Saenyana solat teh ngajauhkeun urang tina pagawean keji sareng mungkar".

Solat oge ngajadikeun hate urang pinuh ku kasabaran, rasa silih asih ka sakur mahluk, hate anu bersih jauh tina pirang-pirang panyakit hate.

Baca Juga: Ulangi Doa ini Selama Bulan Rajab, In Syaa Allah Hajat Terkabul! Bacaan Teks Doa Istighfar Rajab Lengkap Latin

Kukituna wajib urang ngalaksanakeun sholat sakumaha anjuran Nabi Muhammad SAW.

Hayu urang jadikeun momentum Isra' Mi'raj ieu ku ningkatkeun ibadah urang. Utamina sholat.

Insha Allah lamun hiji jalma solat na geus bener, tangtu laku lampah sarta hirupna bakal bener.

Lamun hirup na geus bener, tangtu di akherat bakal meunang panghampura jeung bakal asup kana golongan jalma nu nyicingan surga Allah.

Panginten sakitu anu tiasa ku simkuring dugikeun. Mudah-mudahan aya manfaatna kanggo urang sadaya.

Hapunten tina samudaya kalepatan. Akhirul kalam Wassalamu'alaikum Wr. Wb.***

Editor: Ade Saepul Akbar

Tags

Terkini

Terpopuler