Teks Khutbah Idul Adha 1444 H dari KH Asep Tohir Bahasa Sunda, Tema: Pengrobanan Nabi Ibrahim AS

28 Juni 2023, 06:03 WIB
Ilustrasi Hari Raya Idul Adha 1444 H jatuh pada Kamis, 29 Juni 2023, ini contoh teks khutbah dalam Bahasa Sunda dengan tema pengorbanan Nabi Ibrahim. /*/Unsplash.com/Raka Dwi Wicaksana

 

MANTRA SUKABUMI - Berikut ini teks khutbah dalam bahsa sunda dari KH Asep M Tohir untuk sholat Idul Adha 1444 H dengan tema pengorbanan Nabi Ibrahim sekeluarga.

Hari Raya Idul Adha 1444 H secara resmi resmi pemerintah akan dilaksanakan pada Kamis, 29 Juni 2023.

Namun, untuk Muhammadiyah, perayaan Idul Adha 1444 H dirayakan pada hari ini Rabu, 28 Juni 2023.

Baca Juga: Kumpulan Ucapan Hari Raya Idul Adha 1444 H Penuh Makna, Untaian Kata Mutiara Sambut Lebaran Qurban

Hari Raya Idul Adha 1444 H ada amalan ibadah sholat sunat yang dilaksanakan secara berjamaah, dianjurkan di sebuah lapangan.

Dalam pelaksanaan sholat Idul Adha, tidak berbeda jauh dengan Idul Fitri, yakni terdapat pembacaan dua khutbah seperti pada sholat Jumat.

Berikut ini teks khutbah dalam bahasa sunda untuk sholat Idul Adha 1444 H dengan tema pengrobanan Nabi Ibrahim AS sekeluarga dari KH Asep M Tohir, pengasuh Ponpes Miftahul Huda, Tasikmalaya.

KHUTBAH KA 1

السلام عليكم ورحمة الله وبركاته

ألله أكبر ٩x
أَلْحَمْدُ للهِ الَّذِى جَعَلَ لَنَا عِيْدًا لِلْأُضْحِيَةِ وَالْقُرْبَانْ، وَأَنْعَمَنَا بِلُحُوْمِهَا وَجُلُوْدِهَا مِنَ الْبَقَرِ وَالشِّيَاهِ بِأَعْمَالِ الْمُتَقَارِبِينْ، أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ شَهَادَةَ الْمُوْقِنِيْنَ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُولُهُ الْمَبْعُوْثُ رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ، اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلَّمْ عَلَى نَبِيِّنَا مُحَمَّدٍ سَيِّدِ الْاَمِينْ، وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِينْ . أَمَّا بَعْدُ.

فَيَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوتُنَّ إِلاَّ وَأَنْتُمْ مُسْلِمُونَ. يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللهَ وَقُولُوا قَوْلاً سَدِيدًا، يُصْلِحْ لَكُمْ أَعْمَالَكُمْ وَيَغْفِرْ لَكُمْ ذُنُوبَكُمْ وَمَنْ يُّطِعِ اللهَ وَرَسُوْلَهُ فَقَدْ فَازَ فَوْزًا عَظِيمًا.
أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ، إِتَّقُواللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَاتَمُوْتُنَّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُّسْلِمُونْ.
أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ، بِسْمِ اللهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْمِ، وَلِكُلِّ اُمَّةٍ جَعَلْنَا مَنْسَكًا لِّيَذْكُـرُوا اسْمَ اللّٰهِ عَلٰى مَا رَزَقَهُمْ مِّنْۢ بَهِيْمَةِ الْاَنْعَامِۗ فَاِلٰهُكُمْ اِلٰـهٌ وَّاحِدٌ فَلَـهٗٓ اَسْلِمُوْاۗ وَبَشِّرِ الْمُخْبِتِيْنَ.

Baca Juga: Rekomendasi 7 Supplier Hewan Kurban di Bandung Jelang Idul Adha 1444 H, Catat Alamatnya Disini

Hadirin sidang Idul Adha anu dirohmat ku Alloh swt.

Dinten ieu, dinten lebaran badag, Idul Akbar, margi ummat Islam nuju karempel di Arfah di Muzdalifah sareng di Mina, samodel Reuni, atanapi Rapat Akbar, sadaya ummat Islam anu jumlahna jutaan, seragam nganggo acuk bodas, nu pameget nganggo kaen ihrom, nu istri nutup aurot baruni.

Bari sadayana manjatkeun du’a ka Alloh, du’a kanggo pribadina atawa du’a kanggo balarea, kanggo ka maslahatan ummat, sareng kanggo kajayaan agama islam.
Sataun sakali, dikumpulkeun ku Alloh langsung, panggilan langsung ti Alloh, teu tiasa dihayang-hayang, teu tiasa di cita-cita, estuning panggilan suci, ti zaman Kangjeng nabi Ibrohim alaihisslam anu dugi ka urang sadaya ngalangkungan pangajak Al-Quran sareng al-Hadits. Mudah-mudahan taun payun urang sadaya kabagean sareng kapanggil pikeun ngalaksanakeun ibadah haji, rukun Islam anu kalima. Amin.

Lebaran ieu disebat Idul Adha, atawa Idul Qurban, margi, dina lebaran ieu disunatkeun meuncit qurban, malih ditambihan 3 dinten, dinten tasyriq, kaping 11, 12, 13. Ieu hiji kasempetan pikeun ummat Islam, kanggo nyeueurkeun amal, nambihan ibadah, supados tiasa komunikasi sareng tatangga, sareng baraya, mageuhkeun tali persaudaraan, mageuhkeun ukhuwwah di antara ummat islam, aya peduli ti nu beunghar ka nu fakir, aya tatali ka akraban antawis nu gaduh sareng nu jembar ka jalmi-jalmi anu hirupna jarang mendak daging.

Mangga ka sadayana dinten ieu, ka sadaya anu dipasihan nugraha anu ageung ku Alloh, hayu urang anggo jalan kanggo meunangkeun karidoanana. anggo kasempetan pikeun ibadah. Nu Jembar sing tiasa qurban, nu alit sing tiasa syukur, nampi sareng ngadu’akeun kanu dipasihan milik rada leuwih ku Alloh. Sing hanjakal, lamun urang teu ngiring qurban taun ieu bari aya, sing kabita ku amal anu waktosna mung sataun sakali, bilih taun payun teu kabagean deui yuswa.

Baca Juga: Ucapan Selamat Hari Raya Idul Adha 2023 Terbaru, Cocok Buat Status Media Sosial

Saur Alloh dina surat Al-Hajj ayat 34:

وَلِكُلِّ أُمَّةٍ جَعَلْنَا مَنسَكًا لِّيَذْكُرُوا۟ ٱسْمَ ٱللَّهِ عَلَىٰ مَا رَزَقَهُم مِّنۢ بَهِيمَةِ ٱلْأَنْعَٰمِ ۗ

“Pikeun Satiap Ummat geus di syari’atkeun meuncit qurban, supaya nyarebut jenengan Alloh pikeun sasatoan anu jadi rizki aranjeun ti Alloh, Pangeran aranjeun teh hiji, kudu bener-bener arislam, berserah diri ka Alloh, jeung bungahkeun jalma-jalma anu paratuh tarunduk tara’at ka Alloh”

Kangjeng rosul nyaurkeun;

"مَنْ كَانَ لَهُ سَعَةٌ، وَلَمْ يُضَحِّ، فَلَا يَقْرَبَنَّ مُصَلَّانَا" رواه ابن ماجه

“Saha jalma anu kaduga qurban tapi teu ngalaksanakeun, maka ulah ngadeukeutan tempat sholat kami”.

أَنَّ النَّبِيَّ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ قَالَ لِفَاطِمَةَ: "قُوْمِيْ إِلَى أُضْحِيَتِكِ فَاشْهِدِيْهَا، فَإِنَّهُ يَغْفِرُ لَكَ عِنْدَ أَوَّلِ قَطْرَةٍ مِنْ دَمِهَا كُلَّ ذَنْبٍ.

Kangjeng sasauran ka Siti Fatimah; Anjeun kudu ngalaksanakeun Qurban tuluy saksikeun ka Alloh make niat, sabab satiap tetesan darahna jadi pangampura tina sagala dosa. Kanu qurban taun ieu, mudah-mudahan sadayana, sareng urang sarerea dipasihan kajembaran manah, dipasihan kabeungharan hate, dipasihan kabagjaan dunya rawuh akherat, dipasihan barokah tina dinten lebaran ayeuna, Amiin.

Lebaran Haji teu leupas tina kisah Kangjeng Nabi Ibrohim alaihissalam anu fenomenal, ti kawit dipiwarang nyandak istrina sareng putrana ka Mekah, tanah kosong teu aya jalmi, teu aya sasatoan, teu aya tatangkalan, ditinggalkeun duaan, Siti Hajar sareng Nabi ismail nu masih orok. Tapi anjeuna nampi, rido sareng taat sakumaha piwarang Alloh, hirup ngan ukur duaan di padang pasir, teu aya tuangeun, teu aya cai-cai acan. Pengorbanan luar biasa ti seorang istri nabi demi Makkah pikeun pusat ibadah muslimin sadunya.

Baca Juga: Resep Gulai Kambing, Hidangan Lezat dengan Rasa yang Menggugah Selera di Hari Raya Idul Adha 1444 H

Nabi ibrohim alaihissalam sumping deui dina waktos nabi ismail berusia 7 taun. Anjeuna ngimpen dipiwarang ku Alloh kedah meuncit putra nu dipideudeuhna, tapi teu acan yakin, naha ieu teh piwarang Alloh atawa panggoda syetan, maka disebat hari tarwiyah, enjingna ngimpen deui kalayan yakin, yakin ti Alloh, maka disebat yaumu arfah.

Nabi ibrohim meuncit nabi ismail kalayan kayakinan, pasrah sumerah, seja taat kana piwarang Alloh, sanaos kedah ngorbankeun putra nu dipideudeuh, sanaos teu tega sareng teu wasa, tapi teu aya piwarang Alloh anu teu tiasa dipungpang, maka anjeuna nyeukeutan bedogna, lajeng Nabi ismail nu lucu digolerkeun, kalayan nyebat jenengan Alloh, Bismillahi Allohu Akbar, bedog dikana beuheungkeun... gorenjal gening nu dipeuncit teh Domba, Nabi ismail tos aya digigireun. Alloh ngagentoskeun Qurban ku Domba anu ageung, sabab nu kedah dipeuncit adalah sato anu tiasa di tuang, anu jadi rizki pikeun aranjeun, sareng sato anu manjing di anggo Qurban.
Teu meunang aya Bapa meuncit anakna, teu kenging aya Bapa ngarogahala putrana, komo putra ka rama, seorang anak tidak boleh menyakiti orang tua. Bujeng-bujeng ngalawan atanapi ngabantah, nyebatkeun “EUH” wungkul ge di larang ku Alloh, sakumaha kaunggel dina AlQuran;

وَقَضَىٰ رَبُّكَ أَلَّا تَعْبُدُوا إِلَّا إِيَّاهُ وَبِالْوَالِدَيْنِ إِحْسَانًا ۚ إِمَّا يَبْلُغَنَّ عِنْدَكَ الْكِبَرَ أَحَدُهُمَا أَوْ كِلَاهُمَا فَلَا تَقُلْ لَهُمَا أُفٍّ وَلَا تَنْهَرْهُمَا وَقُلْ لَهُمَا قَوْلًا كَرِيمًا

Alloh mastikeun aranjeun teu meunang nyembah lian Alloh, aranjeun kudu gawe hade ka indung bapa, upama aranjeuna tos sepuh kade ulah nyebut “EUH”, komo nyentak, tapi kedah sasauran ka aranjeuna kalayan kasauran anu ngamulyakeun.

Komo barudak ayeuna, lamun geus katungkul ku HP, indung gogorowokan ge teu kadenge, boro-boro ngagugu kana piwarang, ngadenge ge henteu, na’udzu billah, jauhkeun geura eta syetan HAPE nu matak ngaganggu mah, hese solat hese ngaji, sakola mugen, dahar kapopohokeun. Antukna stress ngariweuhkeun sarerea.
Teu nanaon HAPE jeung internet tapi kedah dibimbing di arahkeun, sina manfaat sina barokah.

Tina kisah Nabi ibrohim urang sadaya tiasa miconto, kumaha satia sareng taatna seorang putra kanu janten ramana, bade dikukumaha oge rido, asal piwarang Alloh, tegesna upami dipiwarang ku Alloh, najan teu rido, teu resep, najan keuheul sareng ngewa, najan hoream sareng beurat, urang kedap tetep ngagugu, sanaos subuh tunduh keneh, sanaos janari jam dua tunduh pisan, kedah maksakeun sholat tahajud, teras sholat subuh. Najan tiris, najan tebih, wajib maksakeun ngalengkahkeun sampean, angkat ka masjid, sholat berjamaah, ngahiji sareng dulur sareng tatangga, berjamaah sholat sareng mageuhkeun silaturahmi, saling tegur sapa, silih tanya, bilih aya nu teu damang, anu udur, kedah dilongok, bilih aya nu teu gaduh tuangeun kedah dikirim.

Kangjeng Nabi ibrohim pinuh ku picontoeun, hingga padamelan haji sareng umroh, sadayana dicandak tina padamelan Nabi ibrohim. Angkat ka Arofah, mabit di Muzdalifah, mulung batu kanggo jumroh, teras maledog jumroh Ula, Wusto sareng Aqobah.

Lajeng Sa’i sareng Towaf, Sa’ina tina padamelan siti Hajar, milarian cai, milarian jalmi, pedah putra nuju dahaga palay cai. Anjeuna lulumpatan ti gunung Shofa ka gunung Marwah ti Marwah ka Shofa, di antara pal hejo, anjeuna anjrug-anjrugan sabab melang ka orok anu dihandap, palay ka tingal teras, maka janten sunat nyigcrig kanggo nu nuju sa’i, nurutan Siti Hajar.

Baca Juga: Keutamaan Puasa Tarwiyah dan Arafah, Dilaksanakan Jelang Hari Raya Idul Adha 1444 H Disertai Bacaan Niat

Nu arangkat ka Mekah disebatna nyumponan panggilan Nabi ibrohim, sabab anjeuna di piwarang ku Alloh;

وَأَذِّنْ فِي النَّاسِ بِالْحَجِّ يَأْتُوكَ رِجَالًا وَعَلَىٰ كُلِّ ضَامِرٍ يَأْتِينَ مِنْ كُلِّ فَجٍّ عَمِيقٍ

Saur Alloh ka Nabi ibrohim; Geroan kabeh manusa sina marunggah haji, tuluy daratang ka anjeun boh laleumpang atawa naraek kendaraan, daratang ti unggal jurusan nyampurnakeun rukun islam.

Mugi-mugi urang sadaya tiasa ngalaksanakeun munggah haji taun isuk, tiasa nyampurnakeun rukun islam, tiasa memenuhi panggilan nabi Ibrohim.
Anu nuju marunggah haji ayeuna mudah-mudah mabrur, makbul, di tampi ku Alloh kalayan dibales surga anu pinuh kanikmatan sareng karidoan, mudah-mudahan sadayana tiasa marulih deui ka lembur masing-masing kalayan salamet, barokah kanggo sadayana, amin.

KHUTBAH KA 2

ألله أكبر ٧x
الْحَمْدُ للهِ عَلَى إِحْسَانِهِ، وَالشُّكْرُ لَهُ عَلَى تَوْفِيقِهِ وَامْتِنَانِهِ، وَأَشْهَدُ أَلَّا إِلَهَ إِلَّا اللهُ تَعْظِيمًا لِشَأْنِهِ، وَأَشْهَدُ أَنَّ نَبِيَّنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُولُهُ الدَّاعِي إِلَى رِضْوانِهِ، اَللَّهُمّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلى نَبِيِّنَا مُحَمّدٍ وَعَلى آلِهِ وِأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدّيْنِ. أمَّا بَعْدُ.

یَـٰۤأَیُّهَا ٱلنَّاسُ ٱتَّقُوا۟ رَبَّكُمُ ٱلَّذِی خَلَقَكُم مِّن نَّفۡسٍ وَٰ⁠حِدَةٍ وَخَلَقَ مِنۡهَا زَوۡجَهَا وَبَثَّ مِنۡهُمَا رِجَالًا كَثِیرًا وَنِسَاۤءًاۚ وَٱتَّقُوا۟ ٱللهَ ٱلَّذِی تَسَاۤءَلُونَ بِهِۦ وَٱلۡأَرۡحَامَۚ إِنَّ ٱللَّهَ كَانَ عَلَیۡكُمۡ رَقِیبًا. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ، كَمَا صَلَّيْتَ عَلَى سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ، وَبَارِكْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّد،ٍ كَمَا بَارَكْتَ عَلَى سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ، إِنَّكَ حَمِيْدٌ مَجِيْدٌ. اَللَّهُمَّ لَا تَنْقَضِ هَذَا الْيَوْمَ إِلَّا وَقَدْ عَفْوْتَ عَنَّا وَغَفَرْتَ ذُنُوبَنَا وسَتَرْتَ عُيُوبَنَا وَوَسَّعْتَ في أَرْزَاقِنا وكَتَبْتَنَا مِنْ أَهْلِ الجَنَّة.

Baca Juga: Bacaan Teks Hari Raya Idul Adha Terbaru Tahun 2023, Lengkap dengan Khutbah 1 dan 2

اَللهُمَّ إنِّي عَبْدُكَ اِبْنُ عَبْدِك اِبنُ أَمَتِكَ نَاصِيَتِيْ بِيَدِكَ، مَاضٍ فِيَّ حُكْمُكَ، عَدْلٌ فِيَّ قَضَاؤُكَ، أَسْأَلُكَ بِكُلِّ اسْمٍ هُوَ لَكَ سَمَّيْتَ بِهِ نَفْسَكَ أَوْ أَنْزَلْتَهُ فِي كِتَابِكَ، أَوْ عَلَّمْتَهُ أَحَدًا مِنْ خَلقِكَ أَوِ اسْتَأْثَرْتَ بهِ فِي عِلْمِ الْغَيْبِ عِنْدَكَ، أَنْ تَجْعَلَ الْقُرْآنَ رَبِيْعَ قُلُوْبِنَا، وَنُوْرَ صُدُورِنَا وَجَلَاءَ حُزْنِنَا وَذِهَابَ هَمِّنَا. اَللَّهُمَّ إِنَّا نَعُوْذُ بِكَ مِنَ الْهَمِّ وَالْحَزَنِ، وَنَعُوْذُ بِكَ مِنَ الْعَجْزِ وَالْكَسَلِ، وَنَعُوْذُ بِكَ مِنَ الْبُخْلِ وَالْجُبْنِ وَالْفَشْلِ، وَنَعُوْذُ بِكَ مِنْ غَلَبَةِ الدَّيْنِ وَقَهْرِ الرِّجَالِ. اَللَّهُمَّ لَا تُخْرِجْنَا مِنْ يَوْمِ عَرَفَةَ إِلَّا وَقَدْ غَفَرْتَ لَنَا. اَللَّهُمَّ ارْزُقْنَا الْوُقُوْفَ بِعَرَفَةَ وَأَدَاءَ الْمَنَاسِكِ وَزِيَارَةَ الْحَبِيْبِ سَيِّدِنَا محمَّدٍ صُلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ. اللَّهُمَّ لَا تَرْفَعْ عَنَّا غِطَاءَ سَتْرِكَ، وَلَا تَبْتَلِيْنَا فِيْمَا لَا نَسْتَطِيْعُ عَلَيْهِ صَبْرًا، اَللَّهُمَّ إِنَّا نَسْأَلُكَ رَاحَةً فِي اْلبَدَنِ وَرَاحَةً فِي اْلقَلْبِ وَرَاحَةً فِي الَّنفْسِ، وَاجْعَلْ لَنَا يَارَبَّنَا مِنْ كُلِّ ضَيْقٍ مَخْرَجًا، وَمِنْ كُّلِ هَمٍّ فَرَجًا، وَمِنْ كُلِّ دُعَاءٍ قَبُوْلًا وَاسْتِجَابَةً. رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الْآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ.
فَاذْكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلَى نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ، وَاسْأَلُوْهُ مِنْ فَضْلِهِ يُعْطِكُمْ. وَلَذِكۡرُ ٱللَّهِ أَكۡبَرُۗ وَٱللَّهُ یَعۡلَمُ مَا تَصۡنَعُونَ.

السلام عليكم ورحمة الله وبركاته

Demikian itulah teks khutbah dalam bahasa sunda untuk sholat Idul Adha 1444 H dari KH Asep M Tohir dengan tema pengorbanan Nabi Ibrahim AS sekeluarga. ***

Editor: Encep Faiz

Tags

Terkini

Terpopuler