Teks Pidato Bahasa Sunda Tentang Isra Mi'raj Nabi Muhammad 1444 H, Singkat dan Padat

- 24 Januari 2023, 12:00 WIB
Teks Pidato Bahasa Sunda Tentang Isra Mi'raj Nabi Muhammad 1444 H, Singkat dan Padat
Teks Pidato Bahasa Sunda Tentang Isra Mi'raj Nabi Muhammad 1444 H, Singkat dan Padat /Mantra Sukabumi /Pixabay/Beingboring.

Dina raraga mieling Isra' Mi'raj ieu, Simkuring bakal nyandak hiji judul nyaeta Isra' Mi'raj Kejadian Luar Biasa.

Hadirin Rahimakumullah

Isra' Mi'raj teh mangrupa kajadian di luar nalar manusa. Kajadian anu nembongkeun kakawasaan Allah SWT ka umat manusa.

Tina kajadian Isra' Mi'raj ieu Nabi Muhammad SAW nyandak oleh-oleh kanggo umatna. Hiji perkara anu janten pedoman jiwa sareng laku lampah urang. Nyaeta sholat.

Sholat anu dilaksanakeun ku urang unggal dinten teh mangrupa produk Isra' Mi'raj.

Wajib urang hukumna ngalaksanakeun sholat. Solat ngajauhkeun urang tina pagawean keji sareng mungkar.

Sakumaha dina hadits anu hartina "Saenyana solat teh ngajauhkeun urang tina pagawean keji sareng mungkar".

Solat oge ngajadikeun hate urang pinuh ku kasabaran, rasa silih asih ka sakur mahluk, hate anu bersih jauh tina pirang-pirang panyakit hate.

Baca Juga: Ulangi Doa ini Selama Bulan Rajab, In Syaa Allah Hajat Terkabul! Bacaan Teks Doa Istighfar Rajab Lengkap Latin

Kukituna wajib urang ngalaksanakeun sholat sakumaha anjuran Nabi Muhammad SAW.

Halaman:

Editor: Ade Saepul Akbar


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah