Contoh Khutbah Idul Fitri 2023 Bahasa Sunda Singkat Padat Jelas dan Menyentuh Hati

- 20 April 2023, 21:41 WIB
Contoh Khutbah Idul Fitri 2023 Bahasa Sunda Singkat Padat Jelas dan Menyentuh Hati
Contoh Khutbah Idul Fitri 2023 Bahasa Sunda Singkat Padat Jelas dan Menyentuh Hati /pixabay

Di dieu puasa masihan pelajaran kanggo urang, yen Alloh kawasa ngunggulkkeun hiji perkara di antawis perkara-perkara sanesna. Tah bulan puasa oge bulan anu diunggulkeun di antawis bulan-bulan sejenana.

Nyakitu keneh Alloh kawasa ngunggulkeun jalma-jalma pilihannana di antawis jalma-jalma sejenna, ngalimpahkeun rezekina, ngaluaskeun elmuna, ngaluhurkeun darajatna, manjangkeun umurna, ngasepkeun rupana, jeung sajabana.

Tapi di sisi sanes, Alloh kawasa ngadamel jalmi-jalmi anu sabalikna ti eta. Hartosna sanes Alloh teu kawasa ngabeungharkeun sadaya jalma. Sanes teu kawasa Alloh ngelmuan sadayana jalma. Tapi di balik eta Alloh nyimpen hikmah sareng rahasia anu luar biasa.

اللهُ أَكْبَرُ اللهُ أَكْبَرُ اللهُ أَكْبَرُ وَلِلّٰهِ الْحَمْد

Maasyirol Muslimin, sidang solat id anu dimulyakeun ku Alloh !

Kadua, pelajaran puasa teh nyaeta lahirna rahasia antawis urang sareng Alloh. Teu aya hamba anu tiasa ningal hakekatna kecuali Alloh. Matak pantes, teu aya anu hak ngabales puasa anging Alloh. Hal kitu luyu sareng katerangan hadis qudsi:

كُلُّ عَمَلِ ابْنِ آدَمَ يُضَاعَفُ الْحَسَنَةُ عَشْرُ أَمْثَالِهَا إِلَى سَبْعِمِائَةِ ضِعْفٍ، قَالَ اللَّهُ تَعَالَى: إِلَّا الصَّوْمَ، فَإِنَّهُ لِي، وَأَنَا أَجْزِي بِهِ يَدَعُ طَعَامَهُ وَشَرَابَهُ وَشَهْوَتَهُ مِنْ أَجْلِي

Hartosna, “Satiap amal turunan Adam dilipatgandakeun balesanana. Hiji kasaean dilipetgandakeun kana sapuluh dugika saratus lipetna. Alloh swt ngadawuh, ‘Anging ibadah puasa. Saenya-enyana puasa teh keur kaula. Oge kaula anu baris ngabalesna. Sabab, hiji hamba ninggalkeun syahwat jeung kadaharanna karena kaula.’” (HR. al-Bukhari).

Tah pelajaran puasa ieu kalintang pentingna kanggo urang ngaitkeun sagala rupa perkara ka Alloh. Sahingga urang salawasna tiasa berhubungan sareng Alloh, ngaraos diteuteup ku Alloh, diawasi ku Alloh.

Ka dituna, urang ngaraos diatur ku Alloh, digerakkeun ku Alloh, sareng sajabina. Intina, sagala rupa anu terjadi teu aya anu luput tina katangtosan Alloh.

Katilu, pelajaran puasa teh nyaeta nyadarkeun yen kawajiban puasa tina dahar, nginum, sareng tina rupa-rupa pangbatalan mah tempatna ukur dina bulan Romadon hungkul.

Halaman:

Editor: Ade Saepul Akbar


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah