Contoh Khutbah Idul Fitri 2023 Bahasa Sunda Singkat Padat Jelas dan Menyentuh Hati

- 20 April 2023, 21:41 WIB
Contoh Khutbah Idul Fitri 2023 Bahasa Sunda Singkat Padat Jelas dan Menyentuh Hati
Contoh Khutbah Idul Fitri 2023 Bahasa Sunda Singkat Padat Jelas dan Menyentuh Hati /pixabay

Anu dibawa mah ladang sabar urang. Persis nu digero dina poe kiamah ku malaikat teh teu aya deui nyaeta jalma-jalma anu sabar. Dina ngalaksanakeun taat, sabar nyingkahan maksiat, sabar dina nandangan cocoba.
سَلَامٌ عَلَيْكُمْ بِمَا صَبَرْتُمْ فَنِعْمَ عُقْبَى الدَّارِ

Hartosna: (Malaikat nyarios,) “Salāmun ‘alaikum (mugia kaselametan dipasihkeun ka aranjeun) kusabab kasabaran aranjeun.” (Eta teh) panghade-hadena tempat balik (surga),” (QS. ar-Ra’du [13]: 24).
وَاللهُ أَكْبَرُ، اللهُ أَكْبَرُ وَلِلّٰهِ الْحَمْد

Hadirin, jamaah id sadayana

Kaopat, puasa teh mere palajaran keur urang supaya mikanyaah kaum papa jeung duafa. Salila puasa urang nahan lapar, diajar ngarasakeun kumaha laparna jalma-jalma anu teu mampu.

Matak di akhir Romadon, urang diwajibkeun ngaluarkeun zakat fitrah, infak, sareng sodakoh, di antarana keur nunjukkeun kanyaah jeung kapedualian urang ka maranehna.

Anu leuwih penting ti eta, zakat teh keur meresihan diri urang tina rereged jeung kokotor batin anu teu katingal ku mata dohir. Sakaligus panamal tina perkara-perkara anu ngaruksak kasampurnaan puasa urang.

Oge emut kana hak harta urang, yen anu halalna hisabeun, anu haramna siksaeun. Geus jelas jeung pasti kabeh nu diamanatkeun ka urang bakal dipertanggung-jawabkeun ku urang di payuneun Alloh.

Matak hayu, sanes dina Romadon wae, urang ngaluarkeun hak harta urang sakaligus meresihan diri urang.

Hadirin, tah eta diantawisna pelajaran puasa keur urang sadayana. Insya Alloh, masih seueur keneh pelajaran anu sanesna, keur renungkeuneun jeung maknaaneun urang.

Mudah-mudahan urang sing kalebet jalmi unu uih kana fitrah anu hartina bersih jeung dihampura dosa. Minal aidin wal faizin. Mugia urang sing dijantenkeun jalmi anu uih kana kasucian sareng meunangkeun kauntungan.

Mugi amal ibadah Romadon urang ditampi ku Nu Maha Kawasa. Mugi doa urang diijabah ku Mantenna. Amin amin ya arhamar rohimin. Amin amin ya mujibas sa’ilin.

جَعَلَناَ الله ُوَإِياَّكُمْ مِنَ العاَئِدِيْنَ وَالفَآئِزِيْنَ وَأَدْخَلَناَ وَاِيَّاكُمْ فِيْ زُمْرَةِ عِباَدِهِ المُتَّقِيْنَ. بَارَكَ الله ُلِيْ وَلَكُمْ فِيْ القُرْآنِ العَظِيْمِ وَنَفَعَنيِ وَاِيّاَكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الآيَاتِ وَالذِّكْرِ الحَكِيْمِ. وَتَقَبَّلَ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ. وَقُلْ رَبِّ اغْفِرْ وَارْحَمْ وَاَنْتَ خَيْرُ الرَّاحِمِيْنَ

Halaman:

Editor: Ade Saepul Akbar


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah