Teks Khutbah Idul Adha 1444 H dari KH Asep Tohir Bahasa Sunda, Tema: Pengrobanan Nabi Ibrahim AS

- 28 Juni 2023, 06:03 WIB
Ilustrasi Hari Raya Idul Adha 1444 H jatuh pada Kamis, 29 Juni 2023, ini contoh teks khutbah dalam Bahasa Sunda dengan tema pengorbanan Nabi Ibrahim.
Ilustrasi Hari Raya Idul Adha 1444 H jatuh pada Kamis, 29 Juni 2023, ini contoh teks khutbah dalam Bahasa Sunda dengan tema pengorbanan Nabi Ibrahim. /*/Unsplash.com/Raka Dwi Wicaksana

Alloh mastikeun aranjeun teu meunang nyembah lian Alloh, aranjeun kudu gawe hade ka indung bapa, upama aranjeuna tos sepuh kade ulah nyebut “EUH”, komo nyentak, tapi kedah sasauran ka aranjeuna kalayan kasauran anu ngamulyakeun.

Komo barudak ayeuna, lamun geus katungkul ku HP, indung gogorowokan ge teu kadenge, boro-boro ngagugu kana piwarang, ngadenge ge henteu, na’udzu billah, jauhkeun geura eta syetan HAPE nu matak ngaganggu mah, hese solat hese ngaji, sakola mugen, dahar kapopohokeun. Antukna stress ngariweuhkeun sarerea.
Teu nanaon HAPE jeung internet tapi kedah dibimbing di arahkeun, sina manfaat sina barokah.

Tina kisah Nabi ibrohim urang sadaya tiasa miconto, kumaha satia sareng taatna seorang putra kanu janten ramana, bade dikukumaha oge rido, asal piwarang Alloh, tegesna upami dipiwarang ku Alloh, najan teu rido, teu resep, najan keuheul sareng ngewa, najan hoream sareng beurat, urang kedap tetep ngagugu, sanaos subuh tunduh keneh, sanaos janari jam dua tunduh pisan, kedah maksakeun sholat tahajud, teras sholat subuh. Najan tiris, najan tebih, wajib maksakeun ngalengkahkeun sampean, angkat ka masjid, sholat berjamaah, ngahiji sareng dulur sareng tatangga, berjamaah sholat sareng mageuhkeun silaturahmi, saling tegur sapa, silih tanya, bilih aya nu teu damang, anu udur, kedah dilongok, bilih aya nu teu gaduh tuangeun kedah dikirim.

Kangjeng Nabi ibrohim pinuh ku picontoeun, hingga padamelan haji sareng umroh, sadayana dicandak tina padamelan Nabi ibrohim. Angkat ka Arofah, mabit di Muzdalifah, mulung batu kanggo jumroh, teras maledog jumroh Ula, Wusto sareng Aqobah.

Lajeng Sa’i sareng Towaf, Sa’ina tina padamelan siti Hajar, milarian cai, milarian jalmi, pedah putra nuju dahaga palay cai. Anjeuna lulumpatan ti gunung Shofa ka gunung Marwah ti Marwah ka Shofa, di antara pal hejo, anjeuna anjrug-anjrugan sabab melang ka orok anu dihandap, palay ka tingal teras, maka janten sunat nyigcrig kanggo nu nuju sa’i, nurutan Siti Hajar.

Baca Juga: Keutamaan Puasa Tarwiyah dan Arafah, Dilaksanakan Jelang Hari Raya Idul Adha 1444 H Disertai Bacaan Niat

Nu arangkat ka Mekah disebatna nyumponan panggilan Nabi ibrohim, sabab anjeuna di piwarang ku Alloh;

وَأَذِّنْ فِي النَّاسِ بِالْحَجِّ يَأْتُوكَ رِجَالًا وَعَلَىٰ كُلِّ ضَامِرٍ يَأْتِينَ مِنْ كُلِّ فَجٍّ عَمِيقٍ

Saur Alloh ka Nabi ibrohim; Geroan kabeh manusa sina marunggah haji, tuluy daratang ka anjeun boh laleumpang atawa naraek kendaraan, daratang ti unggal jurusan nyampurnakeun rukun islam.

Mugi-mugi urang sadaya tiasa ngalaksanakeun munggah haji taun isuk, tiasa nyampurnakeun rukun islam, tiasa memenuhi panggilan nabi Ibrohim.
Anu nuju marunggah haji ayeuna mudah-mudah mabrur, makbul, di tampi ku Alloh kalayan dibales surga anu pinuh kanikmatan sareng karidoan, mudah-mudahan sadayana tiasa marulih deui ka lembur masing-masing kalayan salamet, barokah kanggo sadayana, amin.

Halaman:

Editor: Encep Faiz


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah