Teks Khutbah Idul Adha 1444 H dari KH Asep Tohir Bahasa Sunda, Tema: Pengrobanan Nabi Ibrahim AS

- 28 Juni 2023, 06:03 WIB
Ilustrasi Hari Raya Idul Adha 1444 H jatuh pada Kamis, 29 Juni 2023, ini contoh teks khutbah dalam Bahasa Sunda dengan tema pengorbanan Nabi Ibrahim.
Ilustrasi Hari Raya Idul Adha 1444 H jatuh pada Kamis, 29 Juni 2023, ini contoh teks khutbah dalam Bahasa Sunda dengan tema pengorbanan Nabi Ibrahim. /*/Unsplash.com/Raka Dwi Wicaksana

وَلِكُلِّ أُمَّةٍ جَعَلْنَا مَنسَكًا لِّيَذْكُرُوا۟ ٱسْمَ ٱللَّهِ عَلَىٰ مَا رَزَقَهُم مِّنۢ بَهِيمَةِ ٱلْأَنْعَٰمِ ۗ

“Pikeun Satiap Ummat geus di syari’atkeun meuncit qurban, supaya nyarebut jenengan Alloh pikeun sasatoan anu jadi rizki aranjeun ti Alloh, Pangeran aranjeun teh hiji, kudu bener-bener arislam, berserah diri ka Alloh, jeung bungahkeun jalma-jalma anu paratuh tarunduk tara’at ka Alloh”

Kangjeng rosul nyaurkeun;

"مَنْ كَانَ لَهُ سَعَةٌ، وَلَمْ يُضَحِّ، فَلَا يَقْرَبَنَّ مُصَلَّانَا" رواه ابن ماجه

“Saha jalma anu kaduga qurban tapi teu ngalaksanakeun, maka ulah ngadeukeutan tempat sholat kami”.

أَنَّ النَّبِيَّ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ قَالَ لِفَاطِمَةَ: "قُوْمِيْ إِلَى أُضْحِيَتِكِ فَاشْهِدِيْهَا، فَإِنَّهُ يَغْفِرُ لَكَ عِنْدَ أَوَّلِ قَطْرَةٍ مِنْ دَمِهَا كُلَّ ذَنْبٍ.

Kangjeng sasauran ka Siti Fatimah; Anjeun kudu ngalaksanakeun Qurban tuluy saksikeun ka Alloh make niat, sabab satiap tetesan darahna jadi pangampura tina sagala dosa. Kanu qurban taun ieu, mudah-mudahan sadayana, sareng urang sarerea dipasihan kajembaran manah, dipasihan kabeungharan hate, dipasihan kabagjaan dunya rawuh akherat, dipasihan barokah tina dinten lebaran ayeuna, Amiin.

Lebaran Haji teu leupas tina kisah Kangjeng Nabi Ibrohim alaihissalam anu fenomenal, ti kawit dipiwarang nyandak istrina sareng putrana ka Mekah, tanah kosong teu aya jalmi, teu aya sasatoan, teu aya tatangkalan, ditinggalkeun duaan, Siti Hajar sareng Nabi ismail nu masih orok. Tapi anjeuna nampi, rido sareng taat sakumaha piwarang Alloh, hirup ngan ukur duaan di padang pasir, teu aya tuangeun, teu aya cai-cai acan. Pengorbanan luar biasa ti seorang istri nabi demi Makkah pikeun pusat ibadah muslimin sadunya.

Baca Juga: Resep Gulai Kambing, Hidangan Lezat dengan Rasa yang Menggugah Selera di Hari Raya Idul Adha 1444 H

Nabi ibrohim alaihissalam sumping deui dina waktos nabi ismail berusia 7 taun. Anjeuna ngimpen dipiwarang ku Alloh kedah meuncit putra nu dipideudeuhna, tapi teu acan yakin, naha ieu teh piwarang Alloh atawa panggoda syetan, maka disebat hari tarwiyah, enjingna ngimpen deui kalayan yakin, yakin ti Alloh, maka disebat yaumu arfah.

Nabi ibrohim meuncit nabi ismail kalayan kayakinan, pasrah sumerah, seja taat kana piwarang Alloh, sanaos kedah ngorbankeun putra nu dipideudeuh, sanaos teu tega sareng teu wasa, tapi teu aya piwarang Alloh anu teu tiasa dipungpang, maka anjeuna nyeukeutan bedogna, lajeng Nabi ismail nu lucu digolerkeun, kalayan nyebat jenengan Alloh, Bismillahi Allohu Akbar, bedog dikana beuheungkeun... gorenjal gening nu dipeuncit teh Domba, Nabi ismail tos aya digigireun. Alloh ngagentoskeun Qurban ku Domba anu ageung, sabab nu kedah dipeuncit adalah sato anu tiasa di tuang, anu jadi rizki pikeun aranjeun, sareng sato anu manjing di anggo Qurban.
Teu meunang aya Bapa meuncit anakna, teu kenging aya Bapa ngarogahala putrana, komo putra ka rama, seorang anak tidak boleh menyakiti orang tua. Bujeng-bujeng ngalawan atanapi ngabantah, nyebatkeun “EUH” wungkul ge di larang ku Alloh, sakumaha kaunggel dina AlQuran;

وَقَضَىٰ رَبُّكَ أَلَّا تَعْبُدُوا إِلَّا إِيَّاهُ وَبِالْوَالِدَيْنِ إِحْسَانًا ۚ إِمَّا يَبْلُغَنَّ عِنْدَكَ الْكِبَرَ أَحَدُهُمَا أَوْ كِلَاهُمَا فَلَا تَقُلْ لَهُمَا أُفٍّ وَلَا تَنْهَرْهُمَا وَقُلْ لَهُمَا قَوْلًا كَرِيمًا

Halaman:

Editor: Encep Faiz


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah