BOCORAN KUNCI JAWABAN Soal PAT Bahasa Sunda Kelas 8 SMP MTs Semester 2 Tahun Ajaran 2022 K13

- 19 Mei 2022, 05:43 WIB
BOCORAN KUNCI JAWABAN Soal PAT Bahasa Sunda Kelas 8 SMP MTs Semester 2 Tahun Ajaran 2022 K13
BOCORAN KUNCI JAWABAN Soal PAT Bahasa Sunda Kelas 8 SMP MTs Semester 2 Tahun Ajaran 2022 K13 /Pexels.com /Kindel Media

5. Rama mah ti kapungkur ogé parantos ...
A. Maot
B. Paéh
C. Ngantunkeun
D. Tilar dunya

6. Ilaharna kawih sok dijieun ku juru sanggi jeung juru rumpaka.
Jalma nu sok nyiptakeun mélodi lagu atawa notasi lagu, disebutna ....
A. Juru rumpaka B. Juru kawih
C. Juru sanggi D. Juru lagu

7. Anu teu kudu diperhatikeun waktu ngajéjéran acara (nga-MC), nyaéta…
A. Kudu ngagunakeun basa Inggris
B. Terampil nyusun runtuyan acara
C. Bisa ngaluyukeun acara jeung situasi
kondisi
D. Ngaluyukeun diri jeung kamampuh sarta kabiasaan nu ngahadiran acara

8. Dina nulis warta atawa rék ngawawancara kudu nyumponan hiji rumusan 5 W+ 1H.
Pananya pikeun ngawawancara patani nu mérénah, nya éta ...
A. Iraha diadégkeunana ieu bangunan?
B. Resép teu diajar disakola téh?
C. Dimana badé kerja bakti téh?
D. Pupuk naon nu dianggo, pa?

9. UPACARA LABUH SAJI
Upacara adat nu tumuwuh tur mekar di lingkungan masarakat anu tangtu ngagambarkeun yén paripolah masarakatna masih kénéh nyekel tradisi warisan karuhun. Salah sahijina nya éta upacara labuh saji anu sok dilaksanakeun ku masarakat Palabuanratu.

Ieu upacara téh mangrupa wangun sukuran parapamayang (nelayan) ka Sang Hyang Widi nu salawasna nangtayungan tur ngaraharjakeun masarakat. Upacara labuh saji ayeuna mah geus mangrupa tradisi anu dilaksanakeun ku masarakat anu aya di wewengkon Palabuhanratu. Dilaksanakeunana unggal tanggal 6 April. Malah, tanggal ieu téh
geus kawentar jadi hari nelayan sa-Indonésia.

Numutkeun carita anu dicaritakeun deui, upacara labuh saji geus lumangsung ti jaman kakawasaan dicepeng ku Nyai Ratu Mayang Sagara. Ieu upacara téh mangrupa babakti ka Sang Hyang Batara Tunggal jeung ka gaib nu ngawasa lautan nu katelahna Sang Hyang Guriang
Sagara. Tah, ku lantaran kitu, numutkeun kapercayaan alam harita, upacara labuh saji téh lain keur ka Nyi Roro Kidul.

Tradisi upacara labuh saji di Palabuanratu harita, méméhna kudu nyiapkeun kidang sajodo. Kidang éta téh sok disebut papasangan kidang, sabab aya jalu jeung aya bikang. Kidang atawa uncalna téh kudu nu pelén jeung nu danten. Ari ngalana kudu ti sampalan alas tangtu. Ieu daérah téh kaasup ka wewengkon gunung Jayanti, kaléreun Panglabuanratu. Kidang atawa uncal téh tangtu waé ditéwak hirup-hirup, diasupkeun kana garogol. tuluy diarak di tukangeun imah puun. Harita mah nu jadi puunna Nyai Ratu Mayang Sagara. Isukna, éta uncal téh bakal dijadikeun sasajén dina upacara labuh saji

Tujuan diayakeunana kagiatan upacara labuh saji nya éta .....
A. Pikeun ngaraharjakeun masarakat
pamayang (nelayan)
B. mangrupa babakti ka Nyi Roro Kidul nu
ngawasa lautan
C. Mangrupa tradisi anu dilaksanakeun ku
masarakat Palabuanratu
D. Wangun sukuran parapamayang (nelayan)
ka Sang Hyang Widi

Baca Juga: 20 Pembahasan Kunci Jawaban Soal UAS PAS PKn Kelas 7 SMP MTs Semester 2 Terbaru TA 2022

Halaman:

Editor: Ina Herlina

Sumber: buku.kemendikbud.go.id


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x