BOCORAN KUNCI JAWABAN Soal PAT Bahasa Sunda Kelas 8 SMP MTs Semester 2 Tahun Ajaran 2022 K13

- 19 Mei 2022, 05:43 WIB
BOCORAN KUNCI JAWABAN Soal PAT Bahasa Sunda Kelas 8 SMP MTs Semester 2 Tahun Ajaran 2022 K13
BOCORAN KUNCI JAWABAN Soal PAT Bahasa Sunda Kelas 8 SMP MTs Semester 2 Tahun Ajaran 2022 K13 /Pexels.com /Kindel Media

19. UPACARA LABUH SAJI
Upacara adat nu tumuwuh tur mekar di lingkungan masarakat anu tangtu ngagambarkeun yén paripolah masarakatna masih kénéh nyekel tradisi warisan karuhun. Salah sahijina nya éta upacara labuh saji anu sok dilaksanakeun ku masarakat Palabuanratu. Ieu upacara téh mangrupa wangun sukuran parapamayang (nelayan) ka Sang Hyang Widi nu salawasna nangtayungan tur ngaraharjakeun masarakat.

Upacara labuh saji ayeuna mah geus mangrupa tradisi anu dilaksanakeun ku masarakat anu aya di wewengkon Palabuhanratu. Dilaksanakeunana unggal tanggal 6 April. Malah, tanggal ieu téh geus kawentar jadi hari nelayan sa-Indonésia.

Numutkeun carita anu dicaritakeun deui, upacara labuh saji geus lumangsung ti jaman
kakawasaan dicepeng ku Nyai Ratu Mayang Sagara. Ieu upacara téh mangrupa babakti ka Sang Hyang Batara Tunggal jeung ka gaib nu ngawasa lautan nu katelahna Sang Hyang Guriang Sagara. Tah, ku lantaran kitu, numutkeun kapercayaan alam harita, upacara labuh saji téh lain keur ka Nyi Roro Kidul. Tradisi upacara labuh saji di Palabuanratu harita, méméhna kudu nyiapkeun kidang sajodo. Kidang éta téh sok disebut papasangan kidang, sabab aya jalu jeung aya bikang. Kidang atawa uncalna téh kudu nu pelén jeung nu danten. Ari ngalana kudu ti sampalan alas tangtu. Ieu daérah téh kaasup ka wewengkon gunung Jayanti, kaléreun Panglabuanratu. Kidang atawa uncal téh tangtu waé ditéwak hirup-hirup, diasupkeun kana garogol. tuluy diarak di tukangeun imah puun. Harita mah nu jadi puunna Nyai Ratu Mayang Sagara. Isukna, éta uncal téh bakal dijadikeun sasajén dina upacara labuh saji.

Kagiatan upacara labuh saji geus lumangsung ti jaman kakawasaan dicepeng ku
A. Nyai Putri Gandrung Arum
B. Nyai Putri Kadita
C. Nyai Putri Mayang Sagara
D. Nyai Putri Purnamasari

Baca Juga: Kisi-kisi Soal UAS PAS PAT Pelajaran Matematika Kelas 7 SMP MTs Semester 2, Full Kunci Jawaban 2022

20. “Jadi ieu teh rék garelut?” ceuk Hamid.
“Teu jadi kunaon?” témbalna patinggorowok.
“Ké heula, déwék duaan ménta témpo,” ceuk Hamid deui. “Yeuh déwék ngajak jago Cikonéng, si Umar. Saha anu teu wawuh ka si Umar, lain? Manéhna sok dijieun tanggelan ku urang dieu. Saha anu teu gimir ku si Umar. Mun perelu, déwék duaan rék ijén. Déwék ngawakilan budak Kaum, Umar ngawakilan urang Cikonéng. Sanggup silaing, Umar?”
“Sanggup wéh ari puguh pasalna mah,” témbal Umar bari nangtung ajeg.
......................................................
Watek Umar anu kagambar dina sempalan carpon di luhur nya éta .....
A. Sologoto B. Ati-ati
C. Borangan D. Taya kawani

21. Komputer bisa dijingjing,
top waé ari hayang mah.
Wangsal tina wangun sisindiran di luhur nya éta
A. Laptop B. Hapé
C. Notebook D. Internét

22. Rorompok P Dida palih wetan, sedengkeun
1 2
bumi Pa Jajang mah palih kulon
3 4
Nu luyu jeung tatakrama basa Sunda, nya eta nomer...
A. 1 B. 2
C. 4 D. 3

23. Basisir Cicaladi
Di basisir laut kidul
pernahna di Cicaladi
alamna éndah tur waas
lambakna patingsiriwik
siliudag jeung baturna
matak narik kana ati
Mun nyawang ka tengah laut
nyidikkeun lambak jaladri
caina liuh teu motah
lambakna teu matak risi
malah lir nu ngagupayan
ngajak ocon nu pelesir
Eusi guguritan di luhur ngagambarkeun .....
A. Tagiwur B. Marudah
C. Melang D. Tengtrem

24. Pikeun barudak mah bulan puasa mangsa katukang téh ngadatangkeun kabagjaan nu tan wates wangen. Anu jadi alesanana, sakola peré. Kitu deui ngaji, sarua peré. Anu biasana ti mimiti Asar nepi ka Subuh idek liher di masjid, salila bulan puasa mah euweuh kagiatan, iwal ti solat berjamaah, tarawéh, jeung tadarus. Pasosoré anu biasana ngabring ka masjid, salila bulan puasa mah diganti ku kagiatan ngabuburit. Loba pisan kamonésan anu dipilampah salila ngabuburit téh, di antarana ucing-ucingan, galah, pocés, ngadu panggal, susumputan, jeung hahayaman.

Halaman:

Editor: Ina Herlina

Sumber: buku.kemendikbud.go.id


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x