BOCORAN KUNCI JAWABAN Soal PAT Bahasa Sunda Kelas 8 SMP MTs Semester 2 Tahun Ajaran 2022 K13

- 19 Mei 2022, 05:43 WIB
BOCORAN KUNCI JAWABAN Soal PAT Bahasa Sunda Kelas 8 SMP MTs Semester 2 Tahun Ajaran 2022 K13
BOCORAN KUNCI JAWABAN Soal PAT Bahasa Sunda Kelas 8 SMP MTs Semester 2 Tahun Ajaran 2022 K13 /Pexels.com /Kindel Media

10. Basisir Cicaladi
Di basisir laut kidul
pernahna di Cicaladi
alamna éndah tur waas
lambakna patingsiriwik
siliudag jeung baturna
matak narik kana ati
Mun nyawang ka tengah laut
nyidikkeun lambak jaladri
caina liuh teu motah
lambakna teu matak risi
malah lir nu ngagupayan
ngajak ocon nu pelesir

Guru lagu jeung guru wilangan pupuh nu digunakeun dina guguritan di luhur nya éta .....
A.  8-u, 8-a, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i
B. 8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i
C. 8-u, 8-u, 8-a, 8-a, 8-a, 8-u
D. 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a

11. Sisindiran ieu di handap anu kaasup kana paparikan nya
A. Kudu getol neukteuk kuku
Ngarah pinter lamun dangdan
Kudu getol maca buku
Ngarah pinter jiga Dadan
B. Ngawuluku ngawalajar
Kudu dibaladah heula
Dina waktu rék diajar
Hayu ngarado’a heula
C. Ulah ngala cocongoan
Bisi ruksak tangkal manggu
Ulah waka bobogohan
Bisi sakola kaganggu
D. Sanaos ka haur geulis
Andi mah resep ka Cina
Sanaos Neng Nunur geulis
Andi mah resep ka Rina

12. Nu kaasup pupuh sekar ageung, nya eta ..
A. Balakbak, dangdanggula, sinom, durma
B. Durma, gambuh, gurisa, kinanti
C. Sinom, asmarandana, kinanti
dangdanggula
D. Balakbak, durma, gambuh, gurisa

13. Usum bungbuahan dimana-mana, disebutna ..
A. Usum tigerat B. Usum ajra
C. Usum panen D. Usum nguyang

14. “Iraha Pa pepen teh bade ...?
A. Mios B. Sumping
C. Indit D. Datang

15. Teu weleh – ka sasaha – eutik – amis budi –
1 2 3 4
mah - ramah
5 6
Runtuyan kecap nu bener, nya eta ...
A. 3,4,2,1,6,5 B. 3,4,2,5,1,6
C. 3,5,4,2,1,6 D. 3,6,5,1,2,4

16. Poé Ahad harita teh. Tabuh 7.30, kuring katut anggota PMR lianna geus karumpul di buruan sakola. Kuring saparakanca téh rék ngayakeun haiking ka Gunung Walat. Kumpul di buruan sakola téh teu lila, ngan saukur ngaregepkeun rupaning pituduh nu kudu dilaksanakeun ti Pembina PMR. Satuluyna mah bring baé rombongan téh ka tempat mobil nu ti tatadi geus disadiakeun. Paramurid mani cut-cat naraék kana mobil, paboro-boro kawas nu sieun teu kabagéan. Para pembinana mah cuh-cih ngatur paramurid nu siliséréd
Ditilik tina wandana wacana di luhur téh kagolongkeun kana warna ....
A. Laporan panalungtikan
B. Laporan kagiatan
C. Laporan kaayaan
D. Laporan perjalanan

17. Gambaran nu karasa, katingali/kareungeu, sok sanajan ukur dina wangwangan (ngira-
ngira). Disebutna ...
A. Nada B. Rasa
C. Simbol D. Imajinasi

18. Paparikan kaasup kana wangun sisindiran anu sorana padeukeut sarta murwakanti dina
tungtung kecap atawa padalisan (baris). Dina paparikan tiap pada (gundug) diwangun ku ...
A. 3 padalisan B. 4 padalisan
C. 5 padalisan D. 6 padalisan

Halaman:

Editor: Ina Herlina

Sumber: buku.kemendikbud.go.id


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x