BOCORAN KUNCI JAWABAN Soal PAT Bahasa Sunda Kelas 8 SMP MTs Semester 2 Tahun Ajaran 2022 K13

- 19 Mei 2022, 05:43 WIB
BOCORAN KUNCI JAWABAN Soal PAT Bahasa Sunda Kelas 8 SMP MTs Semester 2 Tahun Ajaran 2022 K13
BOCORAN KUNCI JAWABAN Soal PAT Bahasa Sunda Kelas 8 SMP MTs Semester 2 Tahun Ajaran 2022 K13 /Pexels.com /Kindel Media

Ieu kagiatan téh eureun
lamun layung ti belah kulon mimiti némbongan. Hartina, marebot anu aya di masjid jami dina waktu anu moal lila deui baris méré tangara ku cara nakol kohkol. Éta tangara téh méré iber ka sakumna nu puasa sangkan geuwat baruka.
Salila bulan puasa, pasosoré umumna barudak ....
A. Idek liheur di masjid B. Ngabuburit
C. Ngabring ka masjid D. Tadarus di masjid

25. Kang Puloh .... pare ti sawah
A. Tanggeuy B. Nanggung
C. Ngelek D. Nogencang

26. Nu kaasup pupuh sekar alit, nya eta ..
A. Sinom,asmarandana,kinanti,
dangdanggula
B. Durma, gambuh, gurisa, kinanti
C. Balakbak, durma, gambuh, gurisa
D. Balakbak, dangdanggula, sinom, durma

27. Mawa ku rancatan, tapi ngan sabeulah, disebut
A. Tanggeuy B. Ngagotong
C. Panggul D. Nogencang

28. Basisir Cicaladi
Di basisir laut kidul
pernahna di Cicaladi
alamna éndah tur waas
lambakna patingsiriwik
siliudag jeung baturna
matak narik kana ati
Mun nyawang ka tengah laut
nyidikkeun lambak jaladri
caina liuh teu motah
lambakna teu matak risi
malah lir nu ngagupayan
ngajak ocon nu peles
Guguritan di luhur ngagaunakeun patokan pupuh .....
A. Kinanti B. Maskumambang
C. Asmarandana D. Sinom

29. Pikeun barudak mah bulan puasa mangsa katukang téh ngadatangkeun kabagjaan nu tan wates wangen. Anu jadi alesanana, sakola peré. Kitu deui ngaji, sarua peré. Anu biasana ti mimiti Asar nepi ka Subuh idek liher di masjid, salila bulan puasa mah euweuh kagiatan, iwal ti solat berjamaah, tarawéh, jeung tadarus. Pasosoré anu biasana ngabring ka masjid, salila bulan puasa mah diganti ku kagiatan ngabuburit. Loba pisan kamonésan anu dipilampah salila ngabuburit téh, di antarana ucing-ucingan, galah, pocés, ngadu panggal, susumputan, jeung hahayaman. Ieu kagiatan téh eureun lamun layung ti belah kulon mimiti némbongan. Hartina, marebot anu aya di masjid jami dina
waktu anu moal lila deui baris méré tangara ku cara nakol kohkol. Éta tangara téh méré iber ka sakumna nu puasa sangkan geuwat baruka.
..............................
Bulan puasa téh pikeun barudak mah ngadatangkeun kabagjaan anu tan wates wangen.
Ieu hal téh dibalukarkeun .....
A. Salila bulan puasa aya kagiatan tarawéh
B. Salila bulan puasa bisa tadarusan
C. Salila bulan puasa bisa ngadulag saban
wanci
D. Salila bulan puasa kagiatan sakola peré

Baca Juga: Ini 10 Kunci Jawaban dan Soal UAS PAS PAT Bahasa Indonesia Kelas 7 SMP MTs Semester 2, Simak Disini

30. Cara nulis titimangsa surat pribadi nu bener nya éta….
A. Sukabumi, 12 April 2014
B. Sukabumi . 12 April 2014
C. Sukabumi, 12 April 2014
D. Sukabumi, 12 April 2014

31. UPACARA LABUH SAJI
Upacara adat nu tumuwuh tur mekar di lingkungan masarakat anu tangtu ngagambarkeun yén paripolah masarakatna masih kénéh nyekel tradisi warisan karuhun. Salah sahijina nya éta upacara labuh saji anu sok dilaksanakeun ku masarakat Palabuanratu. Ieu upacara téh mangrupa wangun sukuran parapamayang (nelayan) ka Sang Hyang Widi nu salawasna nangtayungan tur ngaraharjakeun masarakat.

Upacara labuh saji ayeuna mah geus mangrupa tradisi anu dilaksanakeun ku masarakat anu aya di wewengkon Palabuhanratu. Dilaksanakeunana unggal tanggal 6 April. Malah, tanggal ieu téh geus kawentar jadi hari nelayan sa-Indonésia.
Numutkeun carita anu dicaritakeun deui, upacara labuh saji geus lumangsung ti jaman
kakawasaan dicepeng ku Nyai Ratu Mayang Sagara. Ieu upacara téh mangrupa babakti ka Sang Hyang Batara Tunggal jeung ka gaib nu ngawasa lautan nu katelahna Sang Hyang Guriang Sagara. Tah, ku lantaran kitu, numutkeun kapercayaan alam harita, upacara labuh saji téh lain keur ka Nyi Roro Kidul. Tradisi upacara labuh saji di Palabuanratu harita, méméhna kudu nyiapkeun kidang sajodo. Kidang éta téh sok disebut papasangan kidang, sabab aya jalu jeung aya bikang. Kidang atawa uncalna téh kudu nu pelén jeung nu danten. Ari ngalana kudu ti sampalan alas tangtu. Ieu daérah
téh kaasup ka wewengkon gunung Jayanti, kaléreun Panglabuanratu. Kidang atawa uncal téh tangtu waé ditéwak hirup-hirup, diasupkeun kana garogol. tuluy diarak di
tukangeun imah puun. Harita mah nu jadi puunna Nyai Ratu Mayang Sagara. Isukna, éta uncal téh bakal dijadikeun sasajén dina upacara labuh saji
Upacara labuh saji biasana dilaksanakeun di wewengkon ......
A. Ujunggenténg B. Palabuanratu
C. Cisolok D. Cibangban

Halaman:

Editor: Ina Herlina

Sumber: buku.kemendikbud.go.id


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x