Terbaru, Teks Khutbah Idul Adha 1443 H Bahasa Sunda dengan Tema: Gunakeun Waktu Pikeun Ibadah

- 9 Juli 2022, 16:45 WIB
Ilustrasi Terbaru, Teks Khutbah Idul Adha 1443 H Bahasa Sunda dengan Tema: Gunakeun Waktu Pikeun Ibadah.
Ilustrasi Terbaru, Teks Khutbah Idul Adha 1443 H Bahasa Sunda dengan Tema: Gunakeun Waktu Pikeun Ibadah. /*/Unsplash.com/Rumman Amin/

السلام عليكم ورحمة الله وبركاته
أَللهُ أَكْبَرْ ٩ x
أَلْحَمْدُ للهِ الَّذِى جَعَلَ الْبَيْتَ الْحَرَامَ مَثَابَةً لِلنَّاسِ وَأَمْنًا، وَفَرَضَ الْحَجَّ عَلَى عِبَادِهِ كِرَامًا وَّإِحْسَانًا، وَأَغْنَانَا بِفَضْلِهِ رَحْمَةً مِنْهُ وَلُطْفًا وَمَنًّا، أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللَّهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيكَ لَهُ، شَهَادَةً تُنْجِيْنَا مِنْ عَذَابِهِ وَتُنْقِذُنَا، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُولُهُ، رَسُوْلًا أَمِيْنًا، اللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِه وَصَحْبِهِ وَالتَّابِعِيْنَ مَا دَامَتِ الْحَيَوَانَاتُ فِى تَسْخِيْرِنَا.

أَمَّا بَعْدُ، فيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُونْ، إِتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَاتَمُوْتُنَّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُّسْلِمُوْنَ. أَعُوذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيمِ, بِسمِ اللهِ الرحْمنِ الرَّحِيم, {وَلِكُلِّ أُمَّةٍ جَعَلْنَا مَنْسَكًا لِيَذْكُرُوا اسْمَ اللَّهِ عَلَى مَا رَزَقَهُمْ مِنْ بَهِيمَةِ الأنْعَامِ فَإِلَهُكُمْ إِلَهٌ وَاحِدٌ فَلَهُ أَسْلِمُوا وَبَشِّرِ الْمُخْبِتِينَ () الَّذِينَ إِذَا ذُكِرَ اللَّهُ وَجِلَتْ قُلُوبُهُمْ وَالصَّابِرِينَ عَلَى مَا أَصَابَهُمْ وَالْمُقِيمِي الصَّلاةِ وَمِمَّا رَزَقْنَاهُمْ يُنْفِقُونَ}

Hadirin sidang Idul Adha anu dirohmat ku Alloh swt.
Sapeupeuting ngaguruh sora takbir, ngageuing mawa eling ka diri nu perlu ku pepeling. Ti unggal masjid ti tiap musholla, teu eureun gumuruhna minuhan jagat raya, dugi ka langit ka tujuh, nu disambut ku para malaikat, maraca istigfar pikeun nu talakbir ngagungkeun Alloh nu maha wisesa, ngagungkeun Dzat nu Maha Agung, teu aya pangeran anu sa agung Alloh Subhanahu wata’ala. Teu aya nu nandingan kana Digjayana Alloh, kana kakawasaanana, raja ning raja. Nu hak disembah sareng hak di ta’ati parentah sareng laranganana.

Allohu Akbar, Allohu Akbar, Wa lillahil Hamd.
Dinten ieu para jama’ah Haji di Mekah, ayeuna nuju marulih ti Arofah, teras ka Muzdalifah, lajeng ka Mina kanggo ngalempar Jumroh Aqobah, bari teu liren ngalafadkeun Talbiyyah;

لَبَّيْكَ اللَّهُمَّ لَبَّيْكَ، لَبَّيْكَ لاَ شَرِيكَ لَكَ لَبَّيْكَ، إِنَّ الْحَمْدَ وَالنِّعْمَةَ لَكَ وَالْمُلْكَ، لاَ شَرِيكَ لَكَ.

Rangkaian manasik sareng ibadah haji teu leupas tina sunnah Kanjeng Nabi Muhammad saw. anu neraskeun sunnah nabi Ibrohim sareng Nabi Ismail, katut ibuna anu sholehah tegesna Ibunda Siti Hajar alaihimissalam.

Arofah, hartosna Kangjeng Nabi Ibrohim yakin yen ngimpenna sebagai wahyu ti Alloh SWT. di Muzdalifah mulung batu kanggo maledogan syetan anu mere karaguan, ngagoda sangkan teu ngagugu kana parentah Alloh. Lajeng ngalempar Jumroh Ula, jumroh wusto sareng jumroh Aqobah, ngalambangkeun ngusir syetan sangkan jauh tinu keur ibadah.

Sadayana nu dilakukeun ku Kangjeng Nabi Ibrohim, Nabi Ismail sareng Siti Hajar, diturutan ku jama’ah haji, didamel conto, sakumaha nu janten syari’at Kangjeng Rosululloh saw. ieu mangrupi ‘ibroh, picontoeun kanggo urang sadaya, mangrupi tuntunan anu kedah di emutan, di tafakuran kumaha perjalanan jalmi-jalmi anu saroleh mayunan parentah Alloh SWT.

Allohu Akbar, Allohu Akbar, Wa lillahil Hamd.
Manusa anu teu eureun di goda ku syetan, teu liren di kendalikeun ku nafsu, kudu bisa istiqomah, bisa maksakeun diri, ulah unggut kalinduan, ulah gedag ka anginan, dina situasi jeung kondisi kumaha bae, kedah tetep di jalan anu di gariskeun ku Alloh azza wajalla, kedah tetep renggenek, ulah incah balilalahan, aya dina kakhusyuan, kaikhlasan, ibadah beurang peuting, nyembah Alloh, dzikir sareng ngalakukeun amal hade.

Cobaan nu di hadapi Nabi Ibrohim, ti kawit ti Palestina, angkat ka Mekah, disarengan ku istrina bari ngangais Nabi Ismail nu masih bayi. Lajeng istri sareng putrana ditinggalkeun di Mekah nu teu aya jajadian, teu aya cai, teu aya tatangkalan, teu aya jalmi hiji-hiji acan.

Halaman:

Editor: Robi Maulana


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah