Terbaru, Teks Khutbah Idul Adha 1443 H Bahasa Sunda dengan Tema: Gunakeun Waktu Pikeun Ibadah

- 9 Juli 2022, 16:45 WIB
Ilustrasi Terbaru, Teks Khutbah Idul Adha 1443 H Bahasa Sunda dengan Tema: Gunakeun Waktu Pikeun Ibadah.
Ilustrasi Terbaru, Teks Khutbah Idul Adha 1443 H Bahasa Sunda dengan Tema: Gunakeun Waktu Pikeun Ibadah. /*/Unsplash.com/Rumman Amin/

Ibnul Qoyim al-Jauziyyah nyaurkeun;

إِضَاعَةُ الْوَقْتِ أَشَدُّ مِنَ الْمَوْتِ لِأَنَّ إِضَاعَةَ الْوَقْتِ تَقْطَعُكَ عَنِ اللهِ وَالدَّارِ الْآخِرَةِ، وَالْمَوْتُ يَقْطَعُكَ عَنِ الدُّنْيَا وَأَهْلِهَا.

“Miceunan waktu jeung kasempetan eta leuwih bahaya dari pada kematian, sabab miceunan waktu eta megatkeun eling ka Alloh jeung ngajauhkeun tina perkara pi-akherateun. Sedengkeun kematian ngan ukur ngajauhkeun tina dunya jeung eusina”.

Dunya jeung eusina ukur tinggalkeuneun, isuk duka pageto bakal di tinggalkeun, meunang kukumpul mang taun-taun, meunang ngudag-ngudag nepika beak waktu beak umur, kabeh bakal di tinggalkeun malah ngan ukur jadi rebutan ahli waris. Tapi dzikir ka Alloh, eling kana yen diri diciptakeun ku Alloh pikeun ibadah bakal mawa kabagjaan dunya akherat.

Bade iraha deui urang sadaya balik ka Alloh, bade iraha deui urang ngagunakeun waktu jeung kasempetan pikeun ibadah, ayeuna, ayeuna, jeung ti ayeuna, urang sadaya niat dina hate sewang-sewangan, yen ti detik ieu, ti menit ieu, ti poe ieu, abdi bade ngagunakeun waktu pikeun mayun ka Alloh, abdi bade maksakeun pikeun ibadah ka Alloh, ti poe ieu abdi bade sholat awal waktu berjamaah, ti poe ieu abdi bade nyeueurkeun wiridan, nyeueurkeun dzikir ka Alloh, ti dinten ieu abdi bade getol maca Quran, ti dinten abdi bade leres-leres nyiar elmu, lebet ka majlis taklim, ngariung sareng anu saroleh, ngadu’a kalayan khusyu’.

Ya Alloh pangeran abdi, mugi Gusti masihan kakiatan ka abdi kanggo getol ibadah, masihan pitulung kanggo abdi tiasa angkat ka pangaosan, mugi dipasihan kajembaran kanggo maca Quran sareng dzikir ka Gusti.

Ya Alloh pangeran abdi, mugi Gusti masihan kasobaran ka abdi, kanggo mayunan panggoda syetan, sareng pangajak nafsu. Ya Alloh Ya Robbana, pasihan abdi kakiatan kanggo mayunan sagala rupi cobian ti Gusti.

Ya Alloh, mugi Gusti masihan pitulung taufik sareng hidayah kanggo salamina abdi aya dina jalan anu sae mungguh Gusti, tiasa ibadah tiap waktos, tiasa dzikir unggal wengi, tiasa sholat lima waktu kalayan berjamaah.

Ya Alloh kiatkeun abdi kanggo sholat tahajud unggal wengi, kiatkeun abdi tiasa sholat witir tiap wengi, kiatkeun abdi tiasa sholat duha dimana datang beurang, kiatkeun diri abdi kanggo wiridan tiap bada sholat, mayun kalayan khusyu’. Ya alloh, pasihan abdi ‘inayah sareng pitulung.

Ya Alloh, anu maha kawasa sareng maha bijaksana, abdi rumaos sok ngaheulakeun dunya batan akherat, Ya Allohu Robbuna wa Kholiquna, abdi rumaos sok talangke dina ibadah, abdi rumaos sok nga-akhir-akhir sholat, mugi Gusti ngahapunten ka abdi sadaya, abdi rumaos sok ngarumpak paharaman Gusti, rumaos kana syubhat di labrak nu makruh sumawona.

Halaman:

Editor: Robi Maulana


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah