Terbaru! Teks Biantara Bahasa Sunda Tentang Kesehatan, Singkat dan Jelas Cocok untuk Tugas Sekolah

- 18 Agustus 2022, 12:10 WIB
Terbaru! Teks Biantara Bahasa Sunda Tentang Kesehatan, Singkat dan Jelas Cocok untuk Tugas Sekolah
Terbaru! Teks Biantara Bahasa Sunda Tentang Kesehatan, Singkat dan Jelas Cocok untuk Tugas Sekolah /Pixabay/mohammed_hassan./

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka Gusti Allah SWT anu parantos masihan nikmat, mangrebu-rebu nikmat nu teu tiasa kaetang ka urang sadaya diantarana nikmat sehat sareng nikmat iman sahingga urang sadaya tiasa patepang dina ieu acara.

Shalawat sinareng salam urang sanggakeun ka jungjunan urang sadaya nyatana kanjeng Nabi Muhammad SAW. Mugia urang sadaya kalebet umatna nu kenging syafaat dina dinten kiamat.

Hadirin Rahimakumullah

Insyaallah, dina kasempetan anu bingah ieu, sim kuring nyanggakeun biantara anu judulna ngenaan ‘Kesehatan’.

Hadirin anu dimulyakeun Allah,

Kasehatan mangrupakeun nikmat ti gusti Allah anu kacida agengna pikeun urang sadaya, upami nikmat eta dicabut urang sadaya bakal kalengitan seer nikmat sabab lengitna nikmat sehat.

Kasehatan oge mangrupikeun hiji perkara anu kudu ku urang dijaga sahingga urang tiasa ngajauhan mangrupa-rupa panyawat kusabab ngajagi kesehatan.

Hadirin Rahimakumullah

Ngajagi kasehatan tiasa dilakukeun ku sababaraha cara, contohna ku cara ngatur pola makan, olahraga teratur, sareng ngajaga lingkungan tina kuman tur panyakit.

Halaman:

Editor: Ade Saepul Akbar


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x